Resep ari ngadangu wanoja US anu kieu ...nya
Polwan...nya Pramuhgari..nya Mahasisiwi..nya
sosoranganan keneh..hanjakal wae sanes zaman
abdi...ulet...kumaha engkena teh "terukur"...mun zaman
Abah harita ayana...eh hoyong tepang yeuh...
--- Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Ari pék téh, bener wé*jadi cacah téh teu ngeunah,
> dititahan diutuh étah*jaba kabeungkeut deuih ku
> hirarki. Heug loba nu nyeungseurikeun, ceunah mah
> dadaékanan jadi Bintara padahal Bapana Perwira,
> untung béda angkatan. Ningali kaayaan kitu, adi
> kuring nékad rék "nyaruaan" Bapa kuring hayang jadi
> "ménak" kujalan nuluykeun manggul tas eh, kuliah di
> fakultas ISIP. Bapa kuring cangcaya, maklum gawé
> bari sakola téa sok rada teu balég. Gawéna gé lain
> gawé kantoran biasa, Pulisi mah kudu siaga iraha waé
> diperlukeunana sieun teu diidinan ku
> atasanana."Wios, Pa abdi badé neraskeun kuliah,
> kumaha engké waé nu penting mah nyuhunkeun widi
> heula ka atasan, pami dipasihan paling gé rada lami
> lulusna" ceuk manéhna ka Bapa kuring.
>
> Kuliah dijalanan bari jeung paburincay teu puguh da
> pakétrok jeung dines, tapi kuring ngacungkeun indung
> leungeun, IP-na diluhureun 3! Keur soson-soson
> diajar, aya tawaran dikaryakeun di Garuda Indonesia,
> jadi tukang susuguh di kapal udara alias pramugari
> nu ngawal jemaah haji ka Tanah Suci Mekah. Salian ti
> tugas, manéhna meunang miluan munggah Haji & Umroh.
> Manéhna nékad miluan, padahal basa Inggrisna
> amburadul lewih goreng ti kuring. Salian ti éta
> hayang Umroh jeung munggah Haji haratis, sanajan
> ngajina can bener jeung shalatna sakapeungmah sok
> belang betong.
>
> "Pa, abdi badé ngiringan tes Pramugari Haji
> sakantenan hoyong munggah Haji & Umroh, kumaha engké
> waé ditampi heunteuna ku Allah margi abdi teu acan
> tiasa ibadah nu sampurna sareng basa Inggrisna
> pabaliut kénéh. Nu penting abdi tiasa munggah Haji
> sareng Umroh haratis, iraha deui? da ku abdi nyalira
> mah moal kabedag. Pami teu lulus mah paling ogé
> neraskeun dines & kuliah deui*", ceuk manéhna, bapa
> kuring ngan saukur nyénghél. Satékah polah manéhna
> diajar basa Inggris sakasampeurna. Alhamdulillah
> lulus, asup ka pendidikan pramugari. Salila diajar
> masalah pelayanan di kapal udara manéhna loba diajar
> ogé ka bapa kuring nu rada ngarti kana pepesawatan.
>
> Opat poé sakali manéhna ngapung bulak-balik
> Jakarta-Mekah nganteurkeun Jemaah Haji, kabeneran
> manéhna kabagéan pesawat injeuman ti maskapai
> penerbangan Ustrali, Qantas. Manéhna kungsi jadi
> pramugari nu ditumpakan ku Jéndral TNI Feisal
> Tanjung salaku Amirul Haj (kieu nulisna kituw?)
> harita. Mangpang-meungpeung papanggih jeung gegedén,
> manehna ménta dipoto babarengan, ni agul &
> alewoh*"Urang dipoto jeung Jendral euy*".
>
> Nepi ka 3 usum haji manéhna dikaryakeun ngan bisa
> Umroh wungkul, karék panuntungan bisa munggah Haji
> da pabaliut nguruskeun panumpang. Alhamdulillah,
> manehna jadi boga ngaran anyar Hajjah Nurdin alias
> Hajjah Nurut Dinas heheh. Hanjakal, harita bapa
> kuring teu bisa ningali da kaburu maot. Salila
> manéhna ngapung kuring nu katempuhan nguruskeun
> kuliahna*heheh*nasib*nasib*
>
> Salila manehna dikaryakeun, manehna boga patékadan
> hayang ngalengkepan satengah dienna, nyaéta
> k-a-w-i-n.
>
> Aja samboenganana.
>
____________________________________________________________________________________Pinpoint
customers who are looking for what you sell.
http://searchmarketing.yahoo.com/