Tungtungna ku kuring diidinan. Moal enya kudu dihalang-halang? Pan ceuk kolot 
oge, nu ngarana jodo, pati, bagja jeung cilaka étamah urusan Pangéran. Saha waé 
nu geus tandang nyandang kahayang kawin*prung! Tapi kuring méré syarat, meunang 
kawin asal  kuliah kudu bérés, da asa boga hutang tanggung jawab ka bapa 
kuring. Alhamdulilah, bari bubureuyeungan manéhna nuluykeun kuliah. Bari 
ngangais budak, manéhna diwisuda. 

Geus nyangking gelasr Sarjana, manéhna pindah ngilu ka salakina nu dines di 
Magetan. Mimiti deui geus "élékésékéng" hayang nuluykeun ka Sakola Perwira. 
Tapi hanyakal tong boro sakola biasa, najan sakola dines nu dibiayaan ku 
pamaréntah gé angger TTG (Sundana UUD) TungTungna Duit deui waé* baroraah boga 
duit gedé, gajihna gé tutup liang, ngagali deui liang heheh.

"Cik pangnéangkeun jumlah mentri aya sabaraha? Menko aya sabaraha? Da, 
diganti-ganti waé mentri téh! Korban Tsunami Acéh sabaraha urang? Mun teu apal 
téangan di ramatloka, buru kuring ujian jam 8 isuk!" Aya SMS asup ti adi 
kuring. Harrrr*ieu téh nanahaonan teu puguh-puguh nanya nu kararitu ciga budak 
sakola waé?

Teu lila mucunghul deui SMS di HP kuring*
"Ceu du'akeun nya kuring keur di Surabaya miluan tes Perwira, kumaha engké waé 
biayanamah, nu penting asup heula*paling-paling ogé dibalikeun deui ka kantor 
mun teu lulus mah". Dasar budak nékad! Jam 06.00 isuk kuring geus cinutrung di 
warnet langsung sosorodotan di ramatloka néangan jawabanana meunang di 
wikipedia. 

Kuring ngan saukur nyambung du'a, da rék ngabantuan ogé teu bisa walakaya. 
Saminggu ti harita manéhna geus aya di Megamendung-Sukabumi, lulus, teu make 
duit saeutik-eutik acan da rengking 1 di wewengkon Jawa Timur, 
Alhamdulillah*nuhun Gusti!
Sanajan asupna teu make duit, tapi ongkos jeung sagala rupa butuh duit pan? 
Kukuring diSMS, jawabanana téh,"Ngajual motor hehehe*"

Mimiti panggih jeung kuring di Bandung basa keur Ijin Berlibur, manéhna 
ngomong,"Ceu, aya nu ngagoléran duit 100 juta keur nukeuran sakola kuring, da 
manéhna hayang jadi Perwira tapi teu lulus. Tadinamah arék, tapi dipikir-pikir 
nyaah meunang hésé capé nguteuk euy*" Harita kénéh manéhna ngomong deui,"Ah, 
rék ngaluhuran si Bapa, nuluykeun deui ka S2 langsung ka Sekolah Lanjutan 
Perwira, kumaha engké waé duitnamah*paling-paling*" teu dituluykeun, da ku 
kuring kaburu ditempas mantén,"Gandéng siah! nu ieu gé can anggeus, ni 
kabina-bina teuing hirup téh..mun ngarénghap heula geura!*".

Sakapeung kuring reueus ka tékad jeung cara mikir manéhna, sagala bisa 
kasampeur : akherat, dines, sakola jeung rumah tangga. Tapi rada hariwang ogé 
mun nepi ka cita-citana teu kahontal, cigana éta nu diaranan "Seni Hirup" 
kaselempek ku cita-cita. Hanjakal, sanajan saindung sabapa, adi patuturun hulu, 
kuring teu sarua pasipatanana ciga manéhna, kuring mah épés méér, loba kasieun, 
boga prinsip : engké kumaha? Loba mikir dibulak balik dibeuweung 
diutahkeun*yaksss!

TAMAT.

Euh, dongéngna séép pamiarsa, dicekapkeun dugi kadieu heula ngeunaan falsafah 
"kumaha engké". Hapunten meuni ngagebay dugi ka 4 babak, étang-étang latihan 
ngadamel carbung. Geuning teu sadayana awon kumaha engke teh, gumantung kana 
niat sareng masalah nu dipayunan ku urang. Mugia aya mangpaatna.

haturnuhun,
ro2

Kirim email ke