Kahatur sadayana Nembe mendak informasi ti wikipedia anu matak ngareugreugeun hate nyaeta parantos aya info ngeunaan angklung anu scara kronologis kawitna ti Sunda. Hatur nuhun ka anu tos nyerat eta info. Bade nambihan info oge yen dina taun 1997 1998, pribados papendak sareng kang Agus Hardiman di dunya maya. Anjeunna kantos email-emailan sareng pribados anu intina mah anjeunna ngawartakeun yen anjeunna tos nyiptakeun angklung elektrik sareng masihan sampel lagu (judulna Fernando) anu dimaenkeun ku eta angklung elektrik. Upami henteu lepat eta angklung elektrik parantos dipatenkeun ku anjeunna. Wujud angklung elektrik eta tiasa ditingali / dibuka dina gembolan anu ditangkodkeun dina ieu surelek.
Salamna,
Asep
---------------------------------
Sucker-punch spam with award-winning protection.
Try the free Yahoo! Mail Beta.<<inline: angklung.jpg>>

