Kemis kamari ngarupikeun dinten ka opat kalina pribados nampi majalah Mangle 
saparantos langkung ti 20 taunan henteu maos eta majalah. Manawi aya manfaatna, 
kenging info yen alamat Mangle teh di Jl. Lodaya No. 19 Bandung, Telp. 7303438, 
Fax 7309720, email: [EMAIL PROTECTED] sareng [EMAIL PROTECTED]
   
  Seratan-seratan teh Roro ngeunaan pangalamannana atanapi anu sanesna tiasa 
dikintun ka Majalah Mangle. Tiasa oge dikirim ka Cupumanik, Galura, Giwangkara, 
Balebat sareng anu sanesna. Mung pribados henteu terang alamat-alamat media anu 
disebat ditungtung; susugana para wargi anu sanesna anu uninga tiasa maparin 
terang ka teh Roro.  
 
  Salamna,
  Asep
  

kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                                  On 
5/25/07, Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
                                       
Namina ge nuju diajar nya kituw we jurusna saka  tea,  sakahayu, sakainget, 
sakahayang, sakadaek, srrd. Saleresnamah dongeng  ieu the tos lami kajantenana, 
mung kaleresan aya pasualan "kumaha engke" tea nu  disodorkeun ku MJ, nya abdi 
the asa "getex" hoyong nyerat…heheh. 










Tah... mending kitu. Daripada elekesekeng teu bisa cicing alatan ateul hayang 
nulis, mending ge gutrutkeun we sakalian. Tong pameng2... Kang Syam ge geuning 
jadi buku (karanganana maksud teh)  

 Aki Tams, Kang Eddy, InsyaAllah hobi nyerat bade diteraskeun,  mamanawian 
hoyong ciga MJ janten pengarang nu kakoncara heheh… Panginten abdi  bade 
nyandak jalur Sunda, da pengarang dina Basa Indonesia mah tos eueyeub, teu  
kaetang jumlahna. Deuih, etang-etang ngamumule basa indung nu ampir tumpur. 
Neda  piduana ti sadayana, aya paripaos : lamun keyeng tangtu pareng.









Bral, Geulis... didungakeun ku Kaka, sing laksana nu diseja, sing katurut 
pamaksudan... heuheu... 



-- 
sikandar
kumincir.blogspot.com 
     
                       

 
---------------------------------
8:00? 8:25? 8:40?  Find a flick in no time
 with theYahoo! Search movie showtime shortcut.

Kirim email ke