Ieu judul "Narkoba di Medaeng Bukti Penegak Hukum Loyo", dicutat tina
detiksurabaya.com ping 26/5/2007; ngadeueul sakirangkirangna salah sawios
buktos anu ku aki tams tipayun disebatkeun yen hukum di Indonesia moyodok moal
aya anu ngabantah.
Upami anu ngalanggar hukum sigah kitu nguruskeunana, asa jauh tanah kalangit
nagara urang bisa gancang maju. Hayoh bae ngurus2 masalah kitu teu
anggeus-anggeus. Kualitas jelema moal naek naek, da generasina dijieun jadi
tukang mabok, kadituna mung jadi beban, kilangbara produktip keur batur/
kaluarga jeung bangsa, anu pasti beak duit mubadzir keur ngurus jelema teu
produkrif kitu. Padahal eta duit lamun dijieun pabrik,atawa kebon, sababaraha
jelema jadi bisa hirup tina jumlah duit anu eta.
Sigahna lamun penegak hukum faham pangaruhna jang ka hareup, ulah mung
fahamna mung jang ka dapur?alias haripeut ku teuteureuyeun harita hungkul,
sigahna oge aman yeuh nagara teh??? Memang sih lain mung bidang hukum, bidang
politik oge kalintang pentingna. Anu kabandungan hayoh bae parasea parebut
kakuasaan, ari masalah anu mendesak sapertos hese gawe, harga2 mahal,
pendidikan mahal, anu konon cenah pendidikan teh bisa naekeun kualitas
penduduk; kaluli luli?
Eeeh jadi ngacapruk sorangan, cag ah, lieur ngabandunganana ge.
---------------------------------
Get the free Yahoo! toolbar and rest assured with the added security of spyware
protection.