Eta ari nyigeung nunggang Kareta asa waas..kapungkur
keur balangor lamun bade kabogor teh ngange kareta
liwat Sukabumi..nempel dina gerbong barang....langsam
pisan sapoe jeput. Aya rerencangan Rabli (Arab
Asli)..Ari kareta rek asup ka setasion..barudak nggeus
taki2  rek ngajleng tina gerbong didaerah anu loba
keneh jukutna..(hilap daerahna..kira2 sabaraha ratus
meter tina halteu)...Eta si Rabli...taki2..pasang
kuda22 beungeut ningali kahareup..jleng
ngajleng...awakna tipengpar..geledug eta mastaka
tukangna teh kana endog Munding..anu beyetek..Atuh
gerrr  sarera mani teu kuat seuri... Ku kuring
dibejaan..lamun ngajleng tina Kareta  kudu mundur
supaya awak saimbang bisa ngontrol. posisi...dasar
embung eleh...pokna teh " Kalau ane mundur..muka gue
yang penuh"...Atuh urang teh tambah seuri....nepi ka
lungse...
--- : boedax angon: : Sun May 27 19: 19: [EMAIL PROTECTED],
[EMAIL PROTECTED];;;;;,
":: boedax angon ::" <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:

> From Hotel Salak to Sindang Barang (II)
>               
>               Basa geus sasadu ka Aa Asep laju weh
> kaluar ti Hotel Salak jeung Kang Hadi teh, laju
> kuring muru ka Kampung Budaya Sindang Barang Pasir
> Eurih tea sabab aya acara deui, tapi kuring nyimpang
> heula ka jambatan Pamoyanan heula bari didinya teh
> deukeut pisan ka Stasion Batutulis.
>   Ceuk kuring teh ka Kang Hadi, jadi bagus euy Rel
> Kareta teh, ceuk Kang Hadi teh, apanan arek aya
> Jalur ti Bogor ka Bandung, ceuk kuring nembal deui
> atuh ari kitu mah uing bisa naek Kareta ti Bogor ka
> sukabumi nya, da salila di Bogor can pernah numpakan
> Kareta ti Bogor ka Sukabumi.
>   Komo deui mun naek kareta Bogor ka Sukabumi teh
> pamandangan alam na aheng pisan bisa ningalian
> gunung-gunung, kebon, jeung pasawahan. Ceuk beja
> deui mah mun numpakan ieu jalur teh kudu isuk-isuk
> pisan jeung na deui pasti padeudeuk pisan, sok komo
> nu naek na oge tukang sayur, tukang jualan ceuk
> sakaol deui na mah patani ge sok aya bari mamawa
> pacul, jiganamah deuk ka sawah ti imah na.
>   Sanggeus lila kuring muru ka Sindang Barang teh,
> nya ari jalur na mah ngalewatan BNR tea alias Bogor
> Nirwana Residence, nu kungsi di pake hadiah ku
> Panghuni Terakhir (PETIR) di ANTV tea.
>   Teu lila kuring datang ka Kampung Dukuh Menteng.
> Jol teh geus aya nu mapag keur tamu du datang ka ieu
> tempat ceuk kuring teh ngagerendeng , “uing mah lain
> semah panan sok remen kadieu teh”, nya teu kunanaon
> ketang iraha deui aya nu mapagkeun kawas seleb mah
> heheheh ...,nu mapagna teh barudak RISIRA “Remaja
> Islam Sindang Raya”, laju weh aya ibu-ibu Angklung
> Gubrag , bari ngobrol heula geus lila teu papanggih
> teh. Nya antukna teu lila geus nepi ka ieu
> patempatan.
>   Kusabab wanci eta mah waktuna Nyarap atawa Muluk
> tea mah, di tengah-tengah ajeng/panggung hiburan teh
> meni kosong pisan. Nya kuring laju weh ka Bale
> Pangriungan, sabab rada era, nya antukna diuk heula
> di imah pasabaan nu teu jauh di bale pangriungan
> ieu. Mun teu salah mah bale pangriungan ieu bisa
> nampung kana 200 jelma.
>   Sanggeus rada lila asup ka bale teh bari nepungan
> ka para kokolot didinya. Sok komo ka pupuhuna mah
> Kang Maki. Antukna mah kuring rada culak-ciluek
> didinya mun teu salah mah Ma Ageung ge dongkap
> malihan nyumbang tembang oge. Teu rada lila torojol
> rengrengan ti Bandung, malihan mah Uwa Wahyu
> nyeletuk ih aya Abah Ali, ceuk kuring reus ingeut eh
> eta kitu Abah Ali nu nyieun Kalender Sunda tea, nya
> kuring mah sasalam weh, manjangkeun babarayaan.
>   Laju weh panitia nyanggakeun ka Abah Ali jeung
> Kang Ocha salaku moderatorna sina ngabahas kalender
> sunda tea. Geuningan rada interactif oge acara teh,
> jadi acara teh hanteu saarah oge sabab nu milu
> jabung oge aya rengrengan ti UI nu di pupuhuan ku
> Pak Agus Aris Munandar.
>   Aya pisan nu matak kataji nu hayang nyaho ngeunaan
> Kalaender Sunda tea, malihan mah aya patarosan ti nu
> daratang nu nanyakeun timana cenah dimimitianna
> Kalender Sunda teh sabab kudu aya bukti nu otentik
> ari Sajarah mah kudu aya coret jeung kotret, malihan
> mah kuring ngusulkeun kumaha mun kalender sunda ieu
> geus asup ka digitalna komo deui mun geus asup
> patanggalan dina komputer tea mah, ceuk Abah ali
> jeung Kang Ocha teh ieu ge baris digarap malihan
> keur di leukeunan mugi-mugi bae geus bisa ka digital
> na.
>   Patarosan oge aya ti Kang Wahyu ngeunaan Kujang,
> jeung deui nu nu mi ilibiung oge atawa nu miluan
> ngabahas perkawis Kujang teh aya ti Abah Cahya ti
> Bandung, Apih Ismu,Kang Jon Edi ti Pulo Gebang
> Bekasi,Putra Jamparing Subang, jrrd.Malihan mah
> geuingan didinya aya oge Kang Engkus ti KUSNET
> ngabahas ngunaan Kujang,ceuk kang Ocha tea mah, tah
> keur KOPDAR meureun nya. 
>   Salian ti partanyaan ti luhur oge aya nu naroskeun
> mun aya saminar ngeunaan kalembagaan ngeunaan
> saminar nu reus kanu wilayahna, mun bisa mah hasil
> ti eta saminar teh ulah asup ka kolong laci wae laju
> di pohokeun, jeung deui acara saminar teh geus
> agenda tahunan atawa bulanan, sok komo euweuh
> mangfaatna komo bari ngahambur-hambur keun duit bari
> masih keneh aya nu kalaparan, komo deui bari
> menta-menta sumbangan mah. Nya ceuk manehna mun bisa
> mah sakuduna kudu bisa mere feedback ka masarakat
> komo ningkatkeun ekenomina mah, nya kudu bisa aya
> mangfaatna ka masarakat.
>    
>   (Nyambung)
>   http://yayanm.wordpress.com
>   [EMAIL PROTECTED]
> 
>               
> ---------------------------------
>  Inbox full of unwanted email? Get leading
> protection and 1GB storage with All New Yahoo! Mail.



 
____________________________________________________________________________________
Food fight? Enjoy some healthy debate 
in the Yahoo! Answers Food & Drink Q&A.
http://answers.yahoo.com/dir/?link=list&sid=396545367

Kirim email ke