Teh Leli, simkuring (sakali deui) nyungkeun tulung supados Teteh (oge nu
sanesna) tiasa langkung tartib dina hal neraskeun surelek ti batur.

Kahiji: lulugu surat anu eusina sumber katut alamat2 anu dikiriman
samemehna, saena mah dihapus bae, utamina mah ALAMAT SURELEKna, bisi bae aya
nu nyalah gunakeun (atawa sahanteuna, dikumpulkeun ku batur keur kuram-kirim
spam). Nya sebut bae privasi lah, ulah 'ngamurah-mareh' alamat surelek
batur.

Kadua: masalah eusi surelek. Sabenerna mah kuring rada midua ieu teh.
Surelek anu eusina munel atawa euyeub ku mangpaat teh seueur pisan, tapi mun
sadaya anggota nu nampa surelek nu ngeusi teh neruskeun ka ieu milis, jadina
teh sagala aya. Lengkep pisan tapi ka mana mendi. Satiasa2 mah urang museur
kana naon anu ditujul ku ieu riungan. Kaci eta ge ngabahas naon bae binti
apapun, tapi koncina hiji: make basa Sunda.

Kumaha? Satuju teu? Nuhun upami satuju, tapi upami henteu ge teu sawios2...
bingung tuda! heuheu...

On 5/28/07, leli nurleli <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Ada suatu kisah seorang santri yg menuntut ilmu pada seorang Kyai.
Bertahun-tahun telah ia lewati hingga sampai pada suatu ujian terakhir. Ia
menghadap Kyai untuk ujian tersebut. "Hai Fulan, kau telah menempuh semua
tahapan belajar dan tinggal satu ujian, kalau kamu bisa menjawab berarti
kamu lulus ", kata Kyai.

--
sikandar
kuncen #5

Kirim email ke