Kang Syam abdi ge nambihan 1 ach

Clom giriwil, bodas ukr. L

Salam kangge ka bebegigs

 

Hatur nuhun

 

________________________________

From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of syam 
ridwan
Sent: Tuesday, May 29, 2007 10:31 AM
To: [email protected]
Cc: [EMAIL PROTECTED]
Subject: [Urang Sunda] CLOM giriwil

 


Clom Giriwil


Walungan ciuyah ngagenyas caina herang, sanajan geus mangjam-jam tugur nungguan 
jeujeur ngurunyud, weleh euweuh hiji hiji acan lauk nu nyanggut, panyana teh 
ari clom ari giriwil. Rajeun aya, ngan ukur kutang nini-nini.  Kitu na mah 
pantes, rumasa melakan ge henteu, make hayang meunang lauk sagala.  Ngan 
dipikir deui, pan kutang nini-nini ge teu rumasa melakan, tapi naha nu 
ngagiriwil bet nukitu patut. “Jeun teuing meunang kutang nini-nini ge, pan 
lumayan mun jangkep salosin bisa dijual dilapak cimol!” Uteuk bisnis kuring 
mimiti on.

 

Clom tali pancingan  dianclomkeun deui kabiwir cai nu rada liuh, sakedapan 
rombongan éngkang-éngkang birat kagareuwahkeun. “Jadol! Cik sing ngadeleh euy!” 
ceuk éngkang-éngkang jalu kekerot bari ngalesotkeun rangkulan haneut bebenena, 
untung buru buru nyingcet, mun teu kitu meureun kukumbul useup bakal ngabentur 
hulu manehna.

 

Sajeroning nungguan useup ngurunyud, tamba kesel,leng ngalamun. Sagebrehan, 
dina beungeut cai ujug ujug aya nu ngalangkang, pas disidik sidik geuning nu 
ngalangkang teh bebengok kuring, abong cadu ngeunteung, nepikeun ka teu apal 
kana beungeut sorangan. Beuki lila kalangkang beungeut teh beuki rea, malahan 
bet aya dina sepanduk,rajeg dina umbul-umbul, narempel dina tihang listrik oge 
dina bujur bajay. Dihandapna diimplik implikan ku tulisan “Ayo benahi Jakarta!” 
 Untung ngalamun teh teu kamalinaan, lantaran dak dumadakan tigirang aya 
bagedor cau ngalengleong palid. Kalangkang beungeut kuring ngiles,kitu deui 
lamunan pipilueun ngorolos.

 

“Tong lahuta euy…make luman lamun jadi politisi sagala, bisi teu kabeungeutan, 
anggur mah jongjon we ngala kutang nini-nini!” aya sora tan katingal.

“Ah tong curak carek euy, ngalamun mah bebas, malahan isukan pageto ge nek 
ngalamun deui, nyalon walikota chicago, eleh meunang kumaha engke, mun eleh nya 
ngalamun deui, nyalon lebe cikaso, lumayan mun jadi,pan kiwari keur loba nu 
kawin, pasti loba berekat!” kuring gegerenengan sorangan,  bleg jelema owah.

“Kumadinya, ngan tetep bisnis kutang nini-nini ge prospekna alus euy!”

“Karep teuing, barina ge aing mah teu ngarti istilah pruspak prospek. Awas siah 
mun ngaganggu deui, dewek nek ngalamun deui!”

 

Dikitukeun, jep sora tan katingal jempe. Juru panon langsung manco deui kana 
jeujeur, katingali tungtung jeujeur semu mendod, kukumbulna sisirilikan, terus 
ngalelep. Seot jeujeur ditarik lalaunan dibarengan kumuterkeun gogolong kenur. 
Ana gorehel teh.

 “Jadol…..kutang nini-nini deui. Tapi lumayan. Big size euy. Nomer 36B!” Bari 
sup diasupkeun kana korang. 

 

Selang tiharita, rada leuir euweuh nu nyanggut, tong boro kutang nini-nini 
dalah kolor aki-aki ge lebeng. Atuh der ngalamun deui. Dina beungeut cai breh 
ngalangkang, beungeut simojang, umat imut,  dulak dilak, kulap kelep,bari  
biwirna anteng ngamomoy kukumbul useup.

“Saha eta?” kuring mimiti tetelepek

“Maenya teu apal kang!” sorana halimpu

“Saha nya? piraku Dian sastro mah da apal!”

Karek ge nek engab biwir simojang ngajawab,koloyong ti girang aya nu palid, 
ngadadak paroman simojang kuraeud baeud bari nutupan irungna, les ngaleungit. 
Can sidik naon nu ngalengleong palid teh, apal-apal sibarud sobat medok kuring 
nyorowok ngabejaan ti girang.

“Pek tah useupan lele koneng dewek!” pokna, bari nerelekeun kolorna, berebet 
lumpat. Kontan huntu kuring pageret, leungeun langsung dipeureupkeun, beletuk 
diteunggeulkeun. “Adaaeuwww!” Kuring nyeuleuweung bari niupan peureup lantaran 
nu jadi sasaran teh geuning batu demprak nu aya didinya.***syam ridwan***

 

Nu resep "nguseup" mangga toong koleksi hual-hual, duka nuju nguseup naon.

 

 

________________________________

** 



“This e-mail (including any attachments) is intended solely for the addressee 
and could contain information that is confidential; If you are not the intended 
recipient, you are hereby notified that any use, disclosure, copying or 
dissemination of this e-mail and any attachment is strictly prohibited and you 
should immediately delete it. This message does not necessarily reflect the 
views of Bank Indonesia. Although this e-mail has been checked for computer 
viruses, Bank Indonesia accepts no liability for any damage caused by any virus 
and any malicious code transmitted by this e-mail. Therefore, the recipient 
should check again for the risk of viruses, malicious codes, etc as a result of 
e-mail transmission through Internet”

Kirim email ke