Heu heuy deudeuh.. kang Asep meuni sakitu jentre na ngajelaskeun teh..

Kedah kumaha nya abdi ngawaleranana, soalna buku-buku sareng peta
karawang Kuno. Aya malih sempet di kopi ku urang Jakarta ti Dinas
Pendidikan atanapi kapungkur mah mun teu lepat Dinas kebudayaan..

 

Eta mah kedah urang ngumpul ngariung dina rangka semacam symposium,
nanging bupati ayeuna mah ti karawang sanes pituin urang karawang, ti
cirebon, duka anjeuna bakal ngadukung atanapi moal

 

HAtur nuhun kang asep

 

Marwan 

 

 

  _____  

From: Asep Hadiyana [mailto:[EMAIL PROTECTED] 
Sent: Tuesday, May 29, 2007 3:20 PM
To: [email protected]
Subject: RE: [Urang Sunda] Karawang

 

Ah si akang mah beut nganggo nyuhunkeun dihapunten sagala. Henteu aya
anu kedah dihapunten da kang Marwan mah henteu lepat malah gaduh jasa
ngintun eta seratan, janten urang sadaya terang aya tulisan sual
Karawang versi urang wetan.

Susuganan tanggapan pribados tiasa dugi ka anjeunna, ku kituna tanggapan
teh ditulis dina basa Indonesia, sanes basa Sunda. Tapi henteu nanaon
upami akang bade mairan oge. Langkung saena mah mantuan atanapi
ngalereskeun tulisan pribados sanes milarian kalepatannana. Tapi henteu
oge, henteu neon-neon. Henteu geuneuk henteu maleukmeuk (leres henteu
paribasana?).

Sual candi-candian, dimana akang masihan conto candi jiwa (anu cenah mah
numutkeun wikipedia aya artefak di sakulilingna nu yuswana ti abad 2 M),
naha akang nyangsikeun sim kuring sareng maparin conto anu henteu
nyambung. Pan sim kuring mah nyerat dina kontek waktos abad 8 sareng
abad 12 (jaman candi siga borobudur, pagoda angkor sareng prambanan).
Cobi baca paragrafna sagemblengna ulah dipotong-potong (aos oge anu
palih luhurna) sareng cobi teges-teges kecap "pada waktu itu":

......... Merujuk ke informasi tersebut, saya menilai si penulis
terkesan mengaburkan pengertian antara jawa sebagai pulau (javadwipa)
dengan jawa sebagai wilayah yang dihuni dan dikuasai oleh bangsa Jawa
dengan pernyatan-pernyataan:





-  Pada awal abad ke 8 TU, raja Sanjaya (salah satu pangeran dari
Dinasti Shailendra) telah menyatukan kembali kerajaan/negara Jawa milik
kakak ibunya.

 

-   Pada awal abad ke 12 TU, raja-raja Dinasti Ishana di Daha-Kediri
berhasil menyatukan Jawa. Dan selanjutnya Maharaja Jayabhaya berhasil
menyatukan Indonesia . Pada saat ini boleh dikatakan, bahwa daerah
Kabupaten Karawang juga ikut masuk dalam wilayah Maharaja Jayabhaya.





Padahal tidak ada bukti bahwa di karawang ada peninggalan-peninggalan
Jawa yang Hindu atau Budha pada waktu itu. Jangan bangunan-bangunan
indah seperti prambanan (candi hindu) atau borobudur (pagoda budha) atau
pagoda Kamboja atau Vietnam yang diklem sebagai taklukan Jawa, candi
kecil pun tidak ditemukan di Karawang. Kerajaan Dhaha-Kediri mungkin
saja menguasai Jawa tapi dalam arti Cho-po bukan Jawadwipa. Jadi
Karawang tidak merupakan bagian dari kerajaan-kerajaan bangsa Jawa pada
masa itu.


Intina tulisan pribados teh sanes perkawis aya henteuna candi di
Karawang, tapi bantahan yen henteu aya peninggalan candi di Karawang anu
diwangun dina waktu itu (abad 8 sareng 12) iasana karajaan ti Jawa (boh
Hindu boh Budha).

Upami bade maluruh leres henteuna eta pedaran, mangga, mending dipaluruh
langkung tebih. Hebring lah ka Marwan mah.

Sakitu wae nya kang, sami-sami nyuhunkeun dihapunten upami aya kalepatan
nyerat dina waleran pribados. Cag ah.

Peace,
Asep




"Marwan Faizal A. Bachtiar" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Hapunten ka kang Asep

 

Saha anu nyebat di karawang teu Aya Candi...?

 

Ari Candi Jiwa eta naon anu di sebatna Unur ...? Sabenerna mah buktos
yen di karawang teh masih kakawasaan Tarumanagara. Nanging Eta tulisan
anu nyadur ti Situs Karawang, anu dikarang emang leres ku urang jawa,
mangkana abdi bade maluruh atanapi ngonfirmasikeun, pedaran eta tea
leres teu..? abdi bade nginvestigasi, ti mana anjeuna tiasa nyaritakeun
yen karawang teh ngan ukur urang jawa wungkul anu jumeneng kitu kang
asep...

Hapunten bilih aya cariosan abdi anu nyinggung perasaan kanga sep..

 

Hatur Nuhun

 

Marwan 

 





 

  

  _____  

No need to miss a message. Get email on-the-go
<http://us.rd.yahoo.com/evt=43910/*http:/mobile.yahoo.com/mail%0d%0a> 
with Yahoo! Mail for Mobile. Get started.
<http://us.rd.yahoo.com/evt=43910/*http:/mobile.yahoo.com/mail%0d%0a>
 

Kirim email ke