Assalamu'alaikum wr.w.b.,

Satutasna Rembug ngariung kaping 13 Mei 2007 di Jl. Rajamatri Kaler No.23 
tea (di bumina MJ),
aya sababaraha Hal anu kedah di lajuning Lakukeun saenggalna, terutami 
kanggo Para Panatacalagara
anu Tos Katunjuk Tonggong harita, kukituna Simkuring seja ngulem deui ka 
kadang wargi anu tos Ditunjuk tonggong janten Panata Calagara tea oge sing 
saha wae anu bade ngiring ngarojong sareng mantuan kana kagiatan 
Panatacalagara ieu, dihaturanan Linggih dina Dinten Saptu, Kaping 16 Juni 
2006, Ti ngawitan tabuh 10:00 (Waktu indonesia bagian Jatinangor)Dugi ka 
rengse, di Bumina Neng Pupi Kang Kumi, Di Jatinangor (Alamatna teh dimana 
nya?), ah pokona Moal bireuk deui Di Jatinangor mah pagigir2 sareng Jatos 
(JAtinangor Town Square tea)...kahalangan ku Kantor BRI wungkul,teras 
kantun tanggah sakedik aya didinya bumi anu 3 tingkat aya seratan "SEGAR", 
tah didinya pisan tempatna..

Kinten-Kinten anu bade di guar teh nyaeta kiranglangkung :

- Tugas-tugas Panatacalagara
- Ngempelkeun jeung ngarumuskeun susunan Acara
- Survey Ka Lokasi nyaeta Bumi Perkemahan Kiara Payung 
- jssjb anu kakaitan kana HBH 2007

Sakitu wae, Khusus kanggo Panatacalagara mugi sing di emut pisan katut di 
Agendakeun dina jadwal na masing2,

kanggo ngemutkeun deui ieu Susunan Panata Calagara Anu Tos dibentuk tea :

Ketua   : Iim Ruhimat
Wk. Ketua       : Toni Sofian
Bendahara       : Imas Mustakim
Sekretaris      : Lygia Nostalina

Seksi-Seksi :

Akomodasi Sareng Konsumsi       : Kang Kumi Sareng Nyi Misnem
Dokumentasi                             : Rahmat Rawyani,Kang Sony sareng 
Kang Bowie (Kanggo Hari H ieu mah)
Acara                                   : Kang Ikmal, Neng Anit sareng 
neng Wida
Pembantu Umum                   : Sadayana Members anu di koordinatoran ku 
Kang Bohay sareng kang Irfan Rispandi
Bazaar                          : Kang Agus Pakusarakan

sakitu kapihatur, mugia para wargi tiasa sumping dina waktos 
na,Haturnuhun.


Salam Baktos,
===================================
Toni Sofian

PT. Mitsubishi Chemical Engineering Indonesia
Bekasi Site Office
Kawasan Industri YKK
Kp. Meriuk - Ds. Gandasari
Cikarang Barat- 17520
West Java - Indonesia
Phone    : +62-21-88371981-3
HP       : +62-812-835-1070
Fax      : +62-21-88371979
E-Mail   : [EMAIL PROTECTED]

Kirim email ke