cek batur (wikipedia<http://en.wikipedia.org/wiki/Regency_%2528Indonesia%2529>)
cenah inggrisna kabupaten bangkalan teh bangkalan regency, teuing tah naha
ari kabupaten sukabumi sarua jadi sukabumi regency mah...

ngan memang enya, kuring ge sok asa agul lamun nyampur-nyampur bahasa. sunda
jeung indonesia, indonesia jeung ingris, sunda jeung ingris, sunda jeung
arab (kade ulah dibalikeun, lamun dibalikeun rasa agul uing sok ngadadak
leungit!!). asa kumaha gitu loh haha... mun dina obrolan sante mah teu jadi
masalah ngan edas dina emprona kudu nulis resmi sok kababawakeun. kamari
geus rada kapikiran, meureun kalakuan kuring jiga kitu teh pedah diajarna
teu gembleng. sunda bisa saeutik, indonesia saeutik, inggris saeutik, arab
saeutik.. dina kuduna nulis bahasa indonesia bingung, jiga kudu kunaon
nerjemahkeun sukabumi regency ...

aya hiji deui, ieu mah carita ngeunaan babaturan. jigana mah kusabab lila
teuing di itali. basa manehna dititah nyieun pingaraneun keur hiji turnamen
(tuh pan, sundana naon nya?) mengbal di indonesia manehna bingung
narjamahkeun kecap copa kana basa indonesia....

haha,
dh

On 5/29/07, ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  Ceuk urang Kuningan mah "I-inggrisning" atawa "Keminggris" ceuk urang
Jawa mah. Mun Enya rek make Basa Inggris ge, kuduna mah dihandapna
aya deui Bahasa Indonesia, tuluy leuwih alusna mah ku Basa Sunda
ongkoh. Da nu nyaba ka Loka Sukabumi teh apanan lain urang bule
wungkul. Nya ?

"Sukabumi Regency" mah asana teh jiga ngaran komplek perumahan ..

-dul-
tukangteuing

___




--
dh
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.:
datiparang.blog.com . deha.wordpress.com

Kirim email ke