hiji mangsa mobil mercy hideung kaluaran anyar bogana bu tutut, anak suharto tea, asup ka jalan tol di jakarta. nu ngajaga tol: ,,3000 rupia bu". bu tutut nu kabeneran nyetir sorangan teu boga duit rebuan, anak presiden gitu loh! ngaluarkeun 50 rebu salambar. song diasongkeun duit teh ka nu ngajaga tol. nu ngajaga tol mikeun pulangna. ,,ieu bu, wangsulanna", cenah. bu tutut kalah ka ngomong: ,,eunggeus,, simpen we keur kulawarga maneh'' nu ngajaga tol bungah, bari mesakan pamulangan nu gedena 47 rebu manehna nganuhunkeun. geus kitu mah biur weh mobil bu tutut neruskeun perjalananna.
Sababaraha jam saeunggeusna, kurunyung hummer koneng kaluaran anyar asup ka panto tol nu sarua. ditukangeun setir katingali gagah, mas tommy adina bu tutut tea. cek nu ngajaga tol: ,,3000 rupia mas". sabab ngarasa anak suharto, teu boga receh, mas tommy ngaluarkeun 20 rebuan salambar. nu ngajaga tol mikeun pamulanganna. ,, ieu mas angsulna, 17 rebu", pokna. tommy karah ngomong kieu: ,,nggeus, simpen we keur bea sakola anak maneh". nu ngajaga panto tol langsung ngasupkeun duit 17 rebu tea, bari ngucapkeun rebunuhun ka tommy. ari hummer terus ngadius asup ka jero jalan bebas hahalang... teu kungsi lila, volvo hideung oge ngilu asup ka tol eta. di jok tukang aki ato ngabaheuhay. supirna nyodorkeun duit lima rebuan ka nu ngajaga tol. tapi mobil teu terus maju. ngajengjen aya kana lima menitna. nepi kanu ngajaga tol nitah sangkan mobil geura indit. lain indit supir ki ato kalahka ngomong kieu: ,,ke heula, kadieukeun heula duit pamulanganna?" nu ngajaga tol: ,,ah sibapa mah bisa wae, tadi bu tutut jeung pa tomyy ge masihkeun artos asulanna ka abdi. bu tutut 47 rebu, mas tommy 17 rebu. maenya angsulanna pak harto nu ngan 2000 disuhunkeun." ki ato nu tadina ngabaheuhay di jok tukang, nololkeun sirahna kana jandela harep, bari terus ngomong. ,,ke heula jang!! ujang nyaho saha tutut jeung tommy?" nu ngajaga tol: ,,kantenan atuh pa, saha nu teu bireuk ka aranjeunna. tutut sareng tommy teh pan putra presiden. putra bapa". ,,pinter geuning, nyaho maranehna anak presiden. jadi wajar lamun pamulangan mayar tol dibikeun. tah maneh pasti teu nyaho, kuring mah ngan ukur anak ulu-ulu. JADI AYEUNA, MANA PAMULANGAN KEUR KURING!!!!?????". ,,@[EMAIL PROTECTED]@[EMAIL PROTECTED]@". sumber: meunang nyadur jeung narjamahkeun ti milis fpk. -- dh ~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~ :.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.: datiparang.blog.com . deha.wordpress.com

