hihi haturan tukang ngurus kuburan #8, damang? punten daftar nu eta tea can tiasa dilajuninglakukeun, jalur informasina mandeg yeuh..
ngeunaan kuncen mah cek sikuring henteu wae nuju ka tukang ngurus kuburan. mun teu salah kuncen asal hartina tukang nyekel konci (kuncian?). sing saha nu rek asup ka hiji tempat kudu menta heula dibukakeun ku kuncen. tah biasana nu sok aya kuncen pan tempat karamat, jeung loba nu dikaramatkeun mangrupa kuburan, jadi meureun ti dinya mangle nyindekeun kuncen nyaeta tukang ngurus kuburan! sagawayah asana mah... kateuing ketang, dh On 5/30/07, ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Baraya Maca dina Mangle minggu ieu, dina kaca 46 meunang istilah patukangan, kieu cnah : 1. Sarati : Tukang Miara gajah 2. Malim : Tukang naklukeun sasatoan 3. Kamasan : Tukang nyieun parabot tina emas 4. Panday : Tukang nyieun parabot tina beusi 5. Paledang : Tukang nyieun parabot tina tamba 6. Pakacar : Bujang atawa juru laden 7. Kuncen : Tukang ngurus kuburan _,___
-- dh ~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~ :.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.: datiparang.blog.com . deha.wordpress.com

