Minggu kamari kuring ka Sukra Indramayu, biasa aya pagawean. Di Sukra rek dijieun PLTU Batubara nu investasina Cina. Kabeneran kuring kabagean pagaweanana saeutik, puruksu-pariksa taneuh. Indit ti Bandung teh rurusuhan pisan, da cenah memeh prak digawe teh kudu papanggih heula jeung juragan Cinana, Mr. Jin (lain jurig) padahal manehna jam 10 rek indit ka Malaysia. Bakating ku hayang tereh tepi, teu ngaliwat Subang, tapi make Tol Cipularang da ceuk nu ngabejaan, leuwih gancang. Kaluar ti Tol, di Sadang, terus make jalan biasa ka Cikampek, di Cikampek belok ka katuhu, blus weh ka jalan Pantura, nuju ka Pamanukan.
Kulantaran isuk keneh jalan Pantura rada sepi, mobil bisa mangpret tepi ka 80-100 km/jam. Ngan nyaeta, aya we hahalang di jalan teh, eta nu "nyair" duit di jalan keur masjid. Duh matak bahaya pisan, sabab mobil lalumpatna garancang pisan maklum jalan lempeng jeung sepi. Ditambah deuih beda jeung nu nyair duit di jalan di Priangan nu ukur ngasong-ngasong jaring ti kajauhan (sairna make gagang), ari di pantura mah jelemana ngajanteng ngahalangan mobil, aya kana dua-tilu urangna. Atuh supir kuring teh tepi ka tibeberegeg ngerem, mobil tepi ka eureun pisan. Nu menta sumbangan ronghok dihareup bari tutunjuk kana masjid nu acan anggeus. Terus aya nu gogorowokan make speaker TOA ti sisi jalan, duka naon nu diucapkeunana mah, teu jelas. Waktu manggih cegatan nu mimiti mah, supir nyumbang, tapi waktu nu kadua, katilu ...tepi ka dalapan mah ( jumlahna lamun teu salah), wah jadi haroream nyumbang teh, heueuh da pikakeuheuleun, batur keur rusuh, ari ieu malah disetop, dieureunkeun. Waktu teu nyumbang, kareungeu aya nu gogorowokan dina speaker TOA. Ah teu hayang ngadenge, supir ge sarua, mobil kalahka di gas ditarikeun. Nu dituju ku kuring teh Base Camp pausahaan, nu aya disisi jalan Pantura. Kuring acan kungsi kadinya, ngan dibere lebah-lebahna, cenah dipeuntaseunana aya masjid gede. Tah samemeh tepi ka nu dituju aya cegatan sumbangan deui. Ari sugan teh jauh keneh ka tempat nu dituju teh, ari pek teh ngan 400-500 meter deui. Kaciri aya masjid ngajengleng gede. Kuring rada ngahuleng ..... ari eta cegatan sumbangan keur di Masjid dimana deui, da geuning ari masjid mah geus aya jeung deuih mani megah kitu ...... Baktos, WALUYA

