Wa'alaikumsalam, Wr.Wb.

Asa wanoh,  upami teu lepat mah aya anu jenengannana Kang Ono Taryono
waktos abdi di Nagoya (1998-2003) , leres kitu ieu teh kang Ono anu eta?
dupi ayeuna di mana di Nihon na?

Ayi Budhi, Teteh mah di KusNet mung aktif macaan wungkul, komo upami tos
kaluar si Jay mah, duuuuh...., matak deudeuieun macana teh.... Hiburan
di pangumbaraan..... Kang Irwan oge anggota Millist? salam sono atuh
kanggo Teh Hanni, Alif.., sareng anu bungsu... (teu acan kantos
kalongok....)

Baktos,

Pupung, Niigata


"O. Taryono" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Assalamualaikum Wr. Wb.
>
> Wilujeng patepang deui baraya US sadaya sareng abdi wargi lami nu
> langki ngalongokan babakan tea. Numawi bade seja tumaros manawi aya
> baraya US nu nuju bubuara di nagri sakura. Da raraosan mah kapungkur
> kantos aya nu posting ka ieu babakan nu nyebatkeun yen anjeunna
> linggih di Jepang. Hoyong manjangkeun tali silaturahmi weh. Dumeh sok
> ngaraos sono...
> Sono ka batur sa-sumur...
> Sono ka batur sa-lembur...
> Sono ka batur sa-gubernur...
>
> Sakitu heula panginten. Hatur nuhun sateuacanna.
>
>
>
> Baktos,
> OTA Thea
>



Kirim email ke