Ditampuuuuuuuuung.................. heuheu kabeneran aya tatangga kawawuhan punbojo, pa Supriatna, boga sanggar seni Motekar, tapi teu acan ari babadamian mah. Atawa ka Lises Unpad we sugan, asana mah raina Kang Budak Angon ngiluan Lises. Mun perlu, menta surat sakti ka Kang Ganjar, heuheu... Atawa wadya baladna Teh Anita UPI, atawa ti sakolana sakalian, STSI. Ke urang runding2, da eta mah ongkoh bageanana seksi acara, heuheu.... Saha nu can kungsi nempo dogong bin gulat Sunda alias BENJANG ti Ujungberung? kuring ge acan, heuheu.... tah, kamungkinan mintonkeun nu kitu ge sigana mah perlu diemutan...
Owh enya, engke Juni rek diayakeun Pekan Budaya Jatinangor, cenah bakal midangkeun rupa2 kasenian jeung unak-anik budaya Sunda. Ke iber lengkepna nyusul... On 5/30/07, Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
tah keur habeha cucok meureun nya.. deukeut deuih ukur ti subang... kumaha panicia?

