Sumuhun Abdi Ono urang Subang tea. Nu damel di IKPT, mung kaleresan 
ayeuna assignment di salah sawios pausahaan kontraktor di wewengkon 
Yokohama. Numawi tumaros baraya US di Jepang teh dumeh hoyong aya 
rencang pakukumaha. Da di dieu mah geuningan rada sesah milari 
katuangan nu halal oge.

Abdi linggih mah di wewengkon Kawasaki. Caket stasion kareta 
Kawasaki. Saha nya Kang Budhi baraya US nu pangcaketna ti 
Kawasaki...?!Heuheuheu maklum da nembean ngumbara di nagri sakura 
janten tacan apal jalan.

Mangga ah...
Hatur nuhun...



Baktos,
OTA
 
--- In [email protected], "Budhi Setiawan" <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> Waalaikumsalam wr wb
> 
> Ieu kang Ono anu kapungkur di iptk tea sanes ? anu urang Subang 
kitu nya ?
> 
> Urang KUSNET Jepun nu aktif di millist, aya teh Pupung di Niigata, 
kuring di
> Gifu... nu teu aktif aya kang Irwan di Nagoya, anggota millist 
wanita sunda
> antar benua Teh Ika Dimyati ayeuna di Hamamatsu, Shizuoka. Seueur 
oge nu
> sanes, sapertos di Kanazawa aya kang Acep Furqon, di Tokyo aya 
kang Sidik
> Permana, Ade Komara (urang Kuningan), Tatang Sopyan (urang 
Purwakarta).
> 
> Dupi kang Ono linggih di Jepang palih mana ?
> 
> baktos,
> budhi
> kurono kopo 241



Kirim email ke