> "Agus Hermawan" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> pami nu menta sumbangana maot katabrak treuk atawa beus
> bakal kalebet maot syahid teu Kang?

Wah ...nya duka atuh Kang, ngan ari niatna alus mah, dijamin lebet ka 
sawarga ...tapi meureun ketah, da saha atuh nu terang. Ari kuring mah 
rada katarik ku fenomena "nyair" duit di jalan teh, pedah gejala ieu 
teh nerekab ti saprakna reformasi, sanajan ti samemehna ge aya, ngan 
teu siga ayeuna teuing. Komo ari tepi ka awal 1980'an mah, rarasaan 
mah teu aya praktek neangan sumbangan bari nyegatan mobil di jalan teh.

Kabeneran pagawean kuring tukang kukurilingan ti saprakna digawe ti 
taun 1980 keneh. di Jawa Barat di awal-awal kuring digawe, rarasaan 
mah teu aya nu nyegatan mobil keur sumbangan masjid. Kuring mimiti 
nempo praktek kieu, di Jawa Timur, bah ditueun Pasuruan di taun 1981. 
Waktu nempo eta, kuring kaget, aya naon? ...ari pek teh nu neangan 
sumbangan. Kitu deui kuring manggih teh di Jalan Raya Bukittinggi- 
Payahkumbuh, malah didinya nu menta sumbangan ampir katabrak ku mobil 
nu ditumpakan ku kuring, sabab megatna palebah tikungan pisan.

Di Jawa Barat/Banten, nu kaalaman kuring, mimiti dipenta sumbangan di 
jalan teh di Tangerang. Tapi lain di jalan Rayana, tapi dijero di 
jalan desa. Jadi ditaun 1980'an mah di Jawa Barat teu umum barangpenta 
sumbangan ku cara megatan mobil (diluar Pantura, kuring jarang 
ngaliwat ka jalan Pantura). Bukti sejen yen sabenerna baheulana di 
Jabar teh teu aya, kaheranan kang RH nu cicing di Walanda (kuncen 
millis baraya_sunda), waktu manehna mulang ka Indonesia, sanggeus lila 
teu balik-balik. Manehna nanya, naha ayeuna bet loba cegatan di jalan, 
menta sumbangan?

Tah di taun 1990'an mimiti "wabah" nyair duit di jalan teh tepa ka 
Jawa Barat. Nu sering bolak-balik ka Jakarta ngalangkung Purwakarta, 
umumna papada terang, aya tempat nu angger jeung mangtaun-taun dipake 
nyegatan mobil menta sumbangan. 

Beuki dieu, beuki nerekab, Jalan Bandung-Sumedang wae, nu baheulana 
mah teu aya tapi lima taun katukang, bisa aya 5 cegatan!. Jeung teu 
kira-kira aya nu nyegat pas di Cadas Pangeran!

Gejala naon ieu teh? Cik lah ka para ahli sosiologi hal ieu teh  
ditalungtik sabab kuring curiga boa-boa masyarakat di urang teh 
keur "gering parna"?
    
Baktos,
WALUYA


 











Kirim email ke