usul deui ngeunaan kaos... nu kabayang hideung polos... paling meureun keur ciri eta boga habeha kusnet, di dada aya logo leutik kusnet, di tonggong tulisan HBH 2007 bungur dongker nu ngagurilap (metalik tea kitu?), di handapna urang sunda hudang euy leutik we, warna beureum moncorong..
hideung ngarupakeun doa. lebaran mangsa munahkeun dosa antarmanusa. nu jadi harepan dosa dipupus tina catetan jadi .... hideung deui. naha cenah teu bodas? pan kalolobaan kertas catetan mah bodas? nya eta pisan nu jadi lantaran. kertas bodas ngaleuya teuing, nu ngakibatkeun pulpen/patlot hideung-biru oge ngilu loba. tadi diluhur geus disebutkeun lebaran keur ngarupus tulisan dosa. tangtu lamun keretasna bodas urang bakal gampang deui ngalakukeun dosa.... tah ku kertas hideung urang (mudah-mudahan) bakal usaha (mikir) sarebu kali pikeun ngalakukeun dosa, bakal usaha sarebukali leuwih teuas (haha kerja keras) pikeun neangan pulpen/patlot mangsi bodas (jsb). jadi hideung ieu simbol nu diharepkeun sangkan urang ulah gampang nyieun dosa haha ah biasa we lieur ieu mah mugya kaanggo!! ari warna bungur dongker mah meh teu katingali we, saru jeung hideung heuheuheu... us hudang euy leutik sabab asa geus lila jargon eta teh jadi nu diharepkeun geus pada apal. beureum moncorong ngagambarkeun leutikleutik ge ari sumangetna mah ngagebur terus gede terus hehe kitu ti kuring, ari gambarna mah nyanggakeun kanu leuwih ahli... sikuring, dh nu resep hideng!! eh hideung jeung teu loba motif hahahaha On 5/31/07, [EMAIL PROTECTED] <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
heuheu...si eta mah deuih Kuncen teh make 'meureun.."hihihi... ni teu yakin geningan..... Tah kitu baraya, ditambahan geningan ku kang Ndoell syarat2na...ngarah langkung Jelas haturnuhun kang Ndoell..! lamun masalah batas waktuna mah nya minimal sabulan saacan hari H meureun nya?!.. kumaha lamun akhir Agustus atawa pertengahan bulan September...sadayana design kanggo kaos tos kumpul..
-- dh ~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~ :.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.: datiparang.blog.com . deha.wordpress.com

