Jeleme ayeuna geus beuki teu sieun ku sangsi hukum. Jalma leutik dihukum teu
ngaruh da sarua bae di jero penjara ge dibere dahar. Jalam gede dihukum teu
ngaruh dan sakeudeung ge bisa kaluar, kabayar ku beubeunangan hasil kajahatan,
untung keneh cenah. Jalma leuwih gede deui oge teu ngaruh da kebal hukum, jaba
hasil kajahatanana oge leuwih rongkah deui.
Leres pisan Indonesa moal aya kamajuan mun loba keneh nu malsu ijasah, malsu
KTP, malsu kaset, malsu merek dagang, malsu huntu (eh nu ieu mah beda deui...)
Kang Santosa
waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Hih ... apanan aranna ge merdeka, sagala bebas jeung sagala meunang.
Rek kitu jeung rek kieu oge bebas merdeka. Bobotoh PDIP gogorowokan
Merdeka, tapi nu sejen oge sarua atawa malah leuwih. Aya tiang
listrik, kabel telepon, tutup got, pot kembang digubug da bebas
merdeka. Aya duit nagara dicokot dipake jang ka imah, ieu oge prinsip
bebas merdeka dina cocorokot.
Teu nurut aturan lalulintas, kumaha aing wae, eta oge bebas merdeka.
Nyair duit sumbangan di tengah jalan, padahal ngahalangan lalulintas,
ieu oge kulantaran make prinsip bebas sabebas-bebasna, nepi ka teu
nolih kapentingan batur.
Jeung rupa-rupa deui nu nunjukkeun urang Indonesia teh sabenerna mah
BEBAS MERDEKA, teu kaiket ku moral jeung etika.
Hayu urang ngagorowok MERDEKA!, bebas euy ....
Baktos,
WALUYA
--- In [email protected], Tatang Sariman <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
>
> Merdeka ceuk maranehna mah sigah kitu, naon anu ngeunah, anu bisa,
ceuk maranehna, kitu meureun merdeka teh????? sigah kalakuan preman
bae teu boga dasar, asal ngeunah sorangan, kitu jigahna ngabade bade?
mangga wae nyanggakeun etah anu kantos meunang mingpin bangsa
Indonesia sigah kitu, pantesan teu maju wae Indonesia teh ????
---------------------------------
Be a better Heartthrob. Get better relationship answers from someone who knows.
Yahoo! Answers - Check it out.