Eta mah teu bisa ditarik kasimpulan kadinya atuh euy.
Kieu yeuh, aya oge jelema anu korupsi teh teu ngaroko, naha kudu ditarik
kasimpulan yen anu teu ngaroko teh korupsi???? apanan henteu... cik, sing
jelas, jieun panalungtikan, tong asal ngomong wae. cenah anu teu ngaroko teh
jelema anu "Boga Uteuk". jadi pake uteukna, tong asal ngomong hungkul...

-Bohay-

2007/6/1, Dena <[EMAIL PROTECTED]>:

  Korelasina jelas pisan teu kudu dijelaskeun. Eta
geuning para PSK sok "arudud" jelas maranehna ukur
ngagugu nafsu birahi anu badag heuheuheu....

--- In [email protected] <urangsunda%40yahoogroups.com>, "reka
gayantika"
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Naon faktana yen anu ngudud teh "ngumbar nafsu"???
> cik, korelasina dijelaskeun, antar udud jeung
nafsu, tong malah nararafsu
> hayang memvonis nu ngaroko teh "pengumbar nafsu".
>
> -Bohay-
> *nu geus eureun ngaroko. tapi teu pernah goreng
sangka kanu ngaroko.
>
> 2007/5/31, irpan rispandi <[EMAIL PROTECTED]>:
> >
> > Moal ngaruh kang rachmat.
> > Sanajan 365 hari dina sataun dijadikeun Poe teu
udud sadunya.
> > Angger wae nu udud mah tetep ngelepus.
> >
> > da maranehna mah geus teu bisa mikir deui,
> > ngan bisana ngumbar nafsu wungkul.
> >
> >
> > On 5/31/07, MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]

.> wrote:
> > >
> > >
> > > Tanggal 31 Mei teh ditangtukeun jadi poe teu
udud
> > > sadunya. Di Indonesia, teu tinggaleun mieling
poe eta.
> > > Aya operasi razia gede-gedean ku pulisi pikeun
anu
> > > sok udud di tempat-tempat umum.
> > >
> > > Hiji jajaka keur ngelepus udud kretek di hiji
halteu.
> > > Teu kanyahoan timana jolna, ujug-ujug geus
nangtung
> > > pulisi di sagedengeun jajaka.
> > >
> > > Pulisi: "Jang, nyaho heunteu lamun poe ieu
teh, poe
> > > mieling teu udud sadunya?"
> > > Jajaka:" Punten, teu terang Pa."
> > > Pulisi:"Jang nyaho heunteu, udud teh
ngabalukarkeun
> > > kasakit jantung?"
> > > Jajaka:"Kantenan wae atuh. Tapi da kumaha atuh
tos
> > > nyandu."
> > > Pulisi:"Tibatan dibeuleum, mendingan duit jang
udud
> > > teh ditabungkeun. Tah dina sataun teh, duit
jang udud
> > > bisa keur meuli motor."
> > > Jajaka:"Punten Pa, ari Bapa nyesep?"
> > > Pulisi:"Heunteu, nya kunaon kitu?"
> > > Jajaka teh kalah ka luak-lieuk kaditu-kadieu
panonna
> > > mureleng jiga neangan hiji barang, terus
mencrong ka
> > > pulisi.
> > > Jajaka:"Geuning Bapa teu gaduh motor?"
> > >
> > > Baktos,
> > >
> > > Mrachmatrawyani
> > >
> > >
____________________________________________________
______Ready for the
> > > edge of your seat?
> > > Check out tonight's top picks on Yahoo! TV.
> > > http://tv.yahoo.com/
> > >
> >
> >
> >
>

Kirim email ke