Nyambung 2 seratang sateuacanna ngeunaan Mundinglaya sareng Surawisesa,
upami ditilik nami patempatan sareng tokoh lalakon Mundinglaya sareng
Surawisesa, nyebatkeun nami tempat sareng jenengan tokoh anu benten.
Sri Baduga Maharaja dina sumber historis (prasasti sareng cutatan urang
Portugis) dina dongeng Mundinglaya disebat Prabu Silihwangi.
Kentring Manik Mayang Sunda disebat Nyi Mas Padmawati
Subanglarang disebat Nyimas Tejamantri.
Surawisesa disebat Mundinglaya.
Cakrabuana atanapi Walangsungsang disebat Guru Gantangan.
Syarif Hidayatullah disebat Sunten Jaya
Karajaan Sunda disebat Karajaan Pajajaran
Cirebon disebat Kutabarang
Malaka disebat Jabaning Langit
Padrao (tugu prasasti) atanapi serat perjanjian disebat layang salaka domas
Urang Portugis anu ditepangan dua kali di Malaka disebat Guring Tujuh.
Ngeunaan gelar Prabu Silihwangi, bapa Edi S. Ekajati, ngutip seratan bapa
Ayatrohaedi anu nyindekkeun wirehna Prabu Maharaja, raja Sunda (1350-1357) anu
gugur di palagan Bubat kenging gelar Prabu Wangi anu ngandung hartos raja anu
seungit namina kumargi kalayan gagah perkosa mempertahankeun kahormatan nagara.
Putrana Prabu Wangi nyaeta Prabu Niskala Wastu Kancana mimpin karajaan Sunda
(1371-1475) kalayan wijaksana sahingga nagara janten subur makmur loh jinawi.
Ku margi kitu Prabu Niskala Wastu Kancana namina seungit nyambuang sanagara. Ku
kituna, anjeunna dipaparin gelar Prabu Silihwangi anu ngandung hartos gegentos
Prabu Wangi. Jenengannana tos diabadikeun dina sumur jalatunda di Brebes
(Banyumas? hilap deui) waktos Bujangga Manik (wiku sareng ahli geografi Sunda)
ngalangkung ka wewengkon Jawa.
Waktos Sri Baduga Maharaja, incuna Prabu Silihwangi, marentah karajaan Sunda
(1482-1521) kalawan nyandak karajaan kana kaayaan gemah ripah loh jinawi,
dipaparin gelar anu sami sareng eyangna nyaeta Prabu Silihwangi (Ayatrohaedi,
1997: 48-51).
Janten lebet akal upami Sri Baduga Maharaja disebat Prabu Silihwangi dina
dongeng-dongeng Sunda.
Ngeunaan Surawisesa sabage Mundinglaya tiasa kahartos alatan anjeunna teh
carogéna putri ti karajaan Muara Beres, persisna nagri Tanjung Barat anu rajana
ngagunakeun gelar atanapi sebutan Munding sapertos Munding Kawati. Panginten
Mundinglaya teh gelar anu dipaparin kulawargi karajaan Tanjung Barat kanggo
Surawisesa.
Karajaan Sunda disebat karajaan Pajajaran alatan karajaan Sunda dina jaman anu
nyerat dongeng (bujangga / sastrawan) hirup parantos henteu jiga kapungkur,
wilayahna ngaheureutan dimana Banten sareng Cirebon tos ngaleupaskeun diri ti
ibukota karajaan (Pajajaran). Janten nami karajaan digentos ku nami puseur
dayeuhna. Ti saprak Banten sareng Cirebon mapan, wewengkon Sunda kabagi ku tilu
kakawasaan enyaeta Sunda Banten, Sunda Pajajaran sareng Sunda Cirebon.
Malaka disebat Jabaning langit jigana ku margi pohara tebihna.
Padrao disebat layang salaka domas alatan padrao ngarupikeun tulisan (surat)
anu ditulis dina batu (domas?).Urang Portugis disebat guriang tujuh kumargi
kacida hesena mayunan / komunikasi sareng eta bangsa (panginten alatan bénten
basa anu digunakeun) sareng hese belekena Portugis kanggo masihan bantuan.
Kadongkapan Surawisesa anu kahiji (warsih 1512) henteu langsung aya hasilna).
Anu nyerat dongeng Mundinglaya oge panginten sakalian ngalebetkeun nilai-nilai
kayakinan anu aya waktos harita sapertos unsur-unsur Sunda Wiwitan upamina wae
Nyi Pohaci sareng guriang. Nilai-nilai Islam oge mangaruhan eta dongeng
sapertos lalampahan Mundinglaya ti langit kahiji dugi katujuh anu sapertos
perjalanan isra miraj nabi Muhammad.
Atanapi mungkin wae aya alesan sanesna; upamina wae kreativitas para bujangga
Sunda anu palay tampil béda sahingga lalakon Mundinglaya rada benten sakedik
sareng aslina (jalan hirup Surawisesa). Hal ieu kajantenan dina carita anu
eusina kalebet lalakon wayang, namung lalakonna sareng struktur cariosanna
ngawangun lakon pantun sareng eusina mahiwal benten sareng versi Jawa atanapi
Malayu anu diadopsi ti ajaran Hindu.
Numutkeun bapa Edi S. Ekajati, sastrawan Sunda ngadamel carita Ramayana anu
kacida béntenna. Carita anu dimaksad nyaéta Ramayana dina naskah lontar kropak
no. 1102 anu kiwari disimpen di Musium Sri Baduga Bandung. Dina Sanghyang Siksa
Kandang Karesian, Ramayana kacatet sabage carita anu biasa dilakonkeun ku memen
(dalang?), sami sareng lalakon wayang sanésna, nyaéta Adiparwa, Korawasarma,
Bismasarga. Namung lalakon Ramayanan naskah kropak no. 1102 jalan carios sareng
tokoh utamana henteu sami sareng carita Ramayana umumna, anu sumberna ti India,
nyaéta nyarioskeun peperangan Rama sareng Rahwana katut wadyabaladna alatan
Rahwananyulik Dewi Sinta, permaisuri Rama (Stutterheim, 1925; Ikram, 1982).
Lakon Ramayana versi bujangga Sunda anu diserat nganggo aksara sareng basa
Sunda Kuna nyarioskeun pasca perang kasebut anu ngabalukarkeun Rahwana sareng
kulawarga katut wadyabaladna tiwas di medan paperangan, saterasna lahir putera
Rama namina Prebu Bujanggalawa sareng ogé putera Rahwana anu jenengannana Prebu
Manabaya. Prebu Manabaya nungtut bales tiwasna rama, ibu, sareng barayana, anu
ngabalukarkeun paperangan antawis Prebu Bujanggalawa sareng Prebu Manabaya.
Nami inohong-inohongna oge bénten. Rama atanapi Déwa Rama disebat Ramadewa,
Dewi Sinta disebat Deuwi Sita, sareng Rahwana disebat Rawana. Sita dicarioskeun
dituduh kantos dipaksa hubungan laki-rabi sareng Rahwana dugi ka ngandung anu
antukna dilagragan hukuman pati ku Ramadewa.
Wallahu alam.
Ah ieu mah pamendak pribados anu sanes ahli sajarah oge sanes budayawan da
latar belekangna oge widang teknik, panginten seueur lepatna; Ieu mah
etang-etang kanggo trigger bahan diskusi atanapi bahan emutaneun.
Wassalamualaikum,
Asep Hadiyana
---------------------------------
Choose the right car based on your needs. Check out Yahoo! Autos new Car
Finder tool.