Si Lodra from Panaruban   
  Si lodra, kitu dingaran eta manuk teh, hiji sasatoan nu bisa hibeur dina 
sukuna sekeut pisan bari pamatukna rada ngeluk. Warna buluna rada ka 
beureum-bereuman saetik aya hideung nu dominan jeung aya jambul dina huluna. 
Ari kabeukina teh ngadaharan anak hayam, atawa beurit.
   
  Si lodra teh hiji manuk heulang (manuk galak nu sok ngadaharaaran sasatoan 
sejen KBS Sunda), ieu manuk teh kaasup manuk di lindungi ku pamarentah. Kusabab 
ieu manuk teh manuk endemik di jawa barat nu masih tahan keneh kiwari. Nang 
manuk ieu ge manuk langka atawa kondisina teh keur endangered ceuk IUCN tea mah.
   
  Dina hiji mangsa heulang atawa ceuk basa latenna mah Spizaetus bartelsi teh 
nina waktu 20 tahun kahareup mah 20% bakal musnah. Kusabab kitu aya 
Undang-undang RI No. 5 Tahun 1990 jeung Peraturan Pamarentah RI No. 7 jeung 8 
Tahun 1999 rehna si heulang eta kaasup sato nu dilindungi.
   
  Presiden RI oge dinu tahun 1993 nyebatkeun yen jinis nu aheng ieu sabagai 
manuk nasional Indonesia jeung simbol sakabeh sato langka kusabab langka jeung 
unikna, salian ti eta oge mirip jeung manuk Garuda.
   
  Si Lodra kiwari kahirupan-na matak pikahawatireun, kusabab manehna ayeuna 
geus neangan kadaharan teh lain di lueweung deui, geus ka wewengkon. Kusab 
kiwari leuweung nu dipake ku manehna paragi dahar, anakan teh geus gararundil 
jadi weh ngaruksask ekosistem leweungna, salian ti eta si lodra ge kaancam 
punah teh ku tukang nembak atawa keur hobi miara heulang kawas kitu. Komo deui 
kiwari geus dijualan manuk kawas kitu di pasar sasatoan teh.
   
  Di hiji wilayah Kabupaten Subang Kacamatan Sagala Herang,nu dumukna di 
panaruban atawa suku gunung tangkuban parahu (107’37’ BT jeung 6’44 LS), aya 
hiji tempat nu keur marhatikeun kahirupan si lodra teh. Nu diaraanan “Saving 
Garuda Programme”, kabeneran pisan babaturan sakolaan teh sok mindeng pisan ka 
eta base camp. Jeung deui nu sok mogor di eta tempat teh barudak di UPI jeung 
UNPAD, nu reseup kanu ngalestarikeun alam atawa PA tea ceuk basa keren na mah.
   
  Mun urang asup ka eta base camp teh, di didinya loba pisan kaayaan jeung 
foto-foto si lodra teh, salian ti eta ge di tukang na aya panangkaran atawa 
kandang keur nyimpeun si lodra ti masarakat kusabab di tewak tea atawa di jual 
di pasar oge. Salian keur nagkarakeun si lodra oge, base camp ieu ge mere 
panuluhan ka masarakat ngeunaan kaayaan si lodra jeung ekosistem leweung 
Panaruban nu kiwari geus matak pihawatirkeun komo deui ceuk cenah deuk dijieun 
lapangan golf. 
   
  Padahal mah mun ka panaruban teh remen pisan, komo basa aya pasar rametuk 
didinya mah. Sok ngajualan kadaharan kawas sate, kalontongan jrrd. Sabab poe 
eta tukang metik enteh teh geus gararajian. Salian ti eta ge di panaruban teh 
aya partanian di widang organik tea, ngan kuring mun kadinya teh sok rada era 
jasa komo hayang papangih jeung Pak Idrus mah, antuk na mah unggal kadinya teh 
ngan ngalewat hungkul atawa ngan nyaneut weh di warung dekeut lapangan bola 
komo deui dekeuut ka Base Camp na teh. Cag ach.
   
    
  Yayan[at]virtual[dot]co[dot]id

                
---------------------------------
 New Yahoo! Mail is the ultimate force in competitive emailing. Find out more 
at the Yahoo! Mail Championships. Plus: play games and win prizes.

Kirim email ke