Di pakulian kuring mun babaturan boga dahareun tawa oleh-oleh timana wae sok 
silih bagi. Kabeneran kuring boga "jenang" (dodol mun di urang mah) kiriman adi 
kuring ti Jawa Timur. Kuring nawaran ka batur kuring nu keur lunang lineng 
neangan capekeun, da kabeukina capek rahem,"Ceu gaduh naon?" ceuk manehna nanya 
ka kuring. "Aya Jenang di luhur geura, yu urang ka rohangan kuring*" ceuk 
kuring nawaran.
"Jenang? Ah, mbung hayang nu asin! Da kuring mah teu pati beuki nu amis". Ceuk 
manehna deuih. Kuring ngamaklum da urang Sunda mah kabeukina sabangsaning nu 
ararasin."Nyaklah ke mun aya nyaaa*" ceuk kuring teu jangji.
 
Poe ieu kira-kira jam 10an, manehna keur cinutrung nungguan tamu nu rek meuli 
komputer, kabeneran kuring ngalanto ka dinya. "Mana? Pajar rek mere nu 
asin-asin?..." ceuk manehna bari nampan.
Kuring langsung inget ka Raden Ndoell Korongdiningrat 
"Aduh, hampura can ngala korongna, barinage saeutik ti kuring wungkul mah*.ke 
urang ngumpulkeun heula tinu lian meh rada loba, lumayan bari ngabuburit 
hahaha!...." ceuk kuring bari rada lumpat da sieun diudag.
"Yeaaakkkkkssss*!" ceuk manehna bari nyengir & bibirigidigan. 
 
ro2


>>> [EMAIL PROTECTED] 06/05/07 01:13PM >>>

Jay, apal teu, naon sababna korong asin ?"
"Naha maneh bet nyaho mun korong teh asin ?"
"Ah, kungsi ngasaan we.."
"Meni diasaan sagala atuh, jiga nu teu percaya bae.."
"Lain, harita teh pan keur ngorong, tuluy ku uing teh dipuruntal 
purintil..asaan ulah...asaan ulah..nya ahirna mah dilamot. 
Atuda panasaran. Ari pek teh enya we asin geuning. hi hi .. "
"Tah jalma nu belegug teh nyaeta jalma nu ngalamot korong sorangan.."
"Meni kitu maneh mah"
"Komo nu belegug pisan mah, nyaeta jalma nu sok ngalamot 
korong batur"

Kirim email ke