Perkawis Nyi Pohaci, pribados sering nguping tembang Cianjuran anu 
nyabit-nyabit Nyi Pohaci (duka naon judulna mah) anu rumpakana sapertos kieu:

  Surut windu ganti warsih
  Robah mangsa ganti musim
  Alon ngagilir nguriling
  Ngemplong taya aling-aling
   
  Tilam sugri ning panghalang
  Caang padang narawangan
  Lugay nagri panglungguhan
  Padepokan kahiyangan
   
  Nu lungsur Ibu pertiwi
  Ngadumuk kana pohaci
  Nu ngancik di mojang Sunda
  Nu wisik seni budaya
   
  Ditutupan dipitunjul
  Udar tinilar karuhun
  Sasaka bujangga luhung
  Anu geus ratusan taun
   
  Bisa kadahar amisna
  Kataruk ranggeuyannana
  Kapipit sari aslina
  Cangkang katut jeung eusina
    
  Nyata buah Pancasila
  Dasar ageman nagara
  Nu ngandung harti utama
  Gera pesek nu alusna
   
  Ulah palaur ku catur
  Kalah mencar ku carita
  Gera beunangkeun rasana
  Rasana kamerdekaan
   
  Nagara jeung pangeusina
  Gemah ripah jeung amanna
  Rakyat miwah pamingpinna
  Gula layeut jeung amisna
  

mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                                  
 
 kenging ngorowots ti rubrik Khasanah Pikiran  Rakyat
 
 http://www.pikiran-rakyat.com/cetak/2005/0105/29/khazanah/index.htm
 
 Mitos Nyi Pohaci










Asep

       
---------------------------------
Got a little couch potato? 
Check out fun summer activities for kids.

Kirim email ke