tah cocok oge lamun kitu mah jeung kuring ... nu boga ngaran dudi. eta
ngaran teh hasil karancagean nu jadi kolot. da asal kecapna mah tina idud..
leuwih jauhna tina kedap i-udud... ampir sarua jeung kumaha kabentukna kecap
i-materi.. dimana awalan i didinya ngandung harti 'lain'. kecap dudi jadi
boga harti 'lain tukang udud'. jadi lamun 'kuring dudi' hartina mah 'kuring
lain tukang udud'! atawa bisa oge dudi hartina jalma nu lamun kabeneran
manggih nu ududna katro sok rada ngajerewet... 'iii udud!!! katro siah!!!'

bisa oge dihubungkeun jeung calon pamajikan boh nu kahiji kadua katilu atawa
nu kaopat pisan. dudi <-- idud <-- i-(jame)dud hartina 'lain jalma nu boga
pamajikan resep jamedud'...

haha naha jadi narsis kieu. jep ah,
gendu(dh)

On 6/5/07, trias santosa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  Jeung tibatan pasea antawis nu udud jeung nu teu udud, euweuh
tungtungna. Mending urang ngabahas kecap udud dina basa sunda.
Ieu endahna basa sunda
"udud" make hurup hirup "u" biwir kudu dimanyunkeun. Memang nu ngisep udud
mah tangtuna ge manyun, mun teu manyun pamohalan bisa ngisep udud. Cobian
geura bari udud biwirna ngucapkeun "a" tangtu moal kaisep, kulantaran kitu
US baheula nyiptakeun kecap udud keur pagawean udud lain "adad",
Ngelepus udud, deui "ngelepus" make hurup "u", tungungna "s"  ngalambangkeun
haseup nu suak seok ngapung katebak angin.
Melenyun udud, ieu oge kecap panganteur, cocog oge jeung kaayaan sikep
biwir nu keur udud. Melenyun tungtungna "nyun" nyaeta manyun tea.
Hurup "u" oge ngalambangkeun dua ramo curuk jeung tengah ngabentuk hurup u
(di sunda teu aya V) udud dicepengna ku curuk jeung tengah lin? Kecuali nu
curukna bareuh diseureud bangbara.
Udud dibungkus diwadahan, nyokotnya di"dudut". Tina dudut jadi udud, teu
jauh beda.
Naon balukarna udud?
Pamajikan jamedud da kaganggu, sarua "dud"na.
Panyakit dina dada (paru-paru) sarua dobel "d" na. Sanajan loba oge nu
tahan teu kaserang panyakit dada.
Udud mun dibalikeun jadi dudu, asal kecap tina duh.... duh....atawa
aduh.... aduh...
Pamungkas, ngucapkeun udud meh sarua jeung sora klakson mobil sedan, mun
beus sorana lain „udud" tapi „tidid........".

Wasalam,
Kang Santosa




--
dh
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.:
datiparang.blog.com . deha.wordpress.com

Kirim email ke