Sumuhun kitu Kang Eko, mung aya anu kirang sreg sareng naon anu katengetan ku si kuring mah yaeta wates palih kidulna. Wates palih kidulna sanes Kali Tajum tapi Kali Serayu nyaeta minangka walungan ageung diwewengkon eta, buktos-buktosna nya sami ptempat anu dinamian nganggo kecap "ci" "bojong" "pasir" diantawisna Cipaku, Cipawon, Bojong eta teh ayana di Purbalingga persis kulonen Kali Serayu. Kukituna pangemut si kuring mah wewengkon/tatar sunda ka pungkur (jaman karajaan pajang atawa jaman pangungsi trah Brawijaya ka galuh tea) minimal dugi ka Kadipaten (ke-adipatian) Pasir Luhur eta teh ayana di Purwokerto di kacamatan Purwokerto Barat, dugi ka ayena ge namina tetep Pasir Luhur (Karanglewas atawa Karanglawas), ari jaman Raja Sajaya mah pan tos jelas dugi ka wates gunung merapi di Mangelang.
Wates palih kaler mah sapagodos "kali pamali / Cipamali" di tungtung kota Brebes palih kulon anu seueur icalan endog asin tea. Tapi sok sanaos kitu aya oge katerangan di kelurahan Tugu (Krapyak) Semarang Barat aya tugu sareng Candi anu nenetelakeun daerah eta teh wates antara Pajajaran (Sunda) sareng Majapait anu ieu ku si kuring teu acan di jugjug, teu acan kabagean waktuna. Wassalam, dudi_ss ----- Original Message ----- From: Eko Ruska Nugraha To: urangsunda ; barayasunda Sent: Wednesday, June 06, 2007 9:01 AM Subject: [Urang Sunda] Fwd: [kota-bogor] Jejak-jejak Budaya Sunda di Tanah Banyumas ---------- Forwarded message ---------- From: ~YOGHA <[EMAIL PROTECTED]> Date: Jun 6, 2007 4:44 AM Subject: [kota-bogor] Jejak-jejak Budaya Sunda di Tanah Banyumas To: [EMAIL PROTECTED] Your email settings: Individual Email|Traditional Change settings via the Web (Yahoo! ID required) Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe

