Punten baraya ngiring ngalangkung... nepangkeung abdi pun Kamal, kawit ti Purwakarta ngiringan kusnet tos ti september 2002 ngan bagean noongan hungkul. maksad abdi bade nyuhunkeun bantosan inpo lowongan damel rehna nembe abdi kenging harewos ti rerencangan bagean accounting saurna pausahaan ieu tos sababaraha taun kapengker " lebih besar pasak dari pada tiang " kukituna abdi di piwarang siap2 milarian damel deui. bilih wae diantara para wargi aya anu gaduh inpo lowongan kanggo bagean export / import disuhunkeun bantosan nana kanggo masihan inpo ieu ka abdi ngange japri ka alamat serelek ieu atanapi sms ka 0888 816 9224. hatur nuhun sateuacana.
punten pami basa sundana pabaliut ( kirangmerehan ) Baktos / Kamal

