Cing ah, tadi asa maca komentar ngeunaan urang Sunda mah eweuh nu bunuh diri, aya oge anu maehan maneh. Hampura ujug-ujug di hapus heuheuheuuu.
Asa jadi kaingetan mangsa keur bolon, harita aki kuring mulang ti kebon manggul nangka nu geus koneng umiyang, malahmah asa semu-semu buyatak kitu tah. Deur atuh di purak ku lobaan, ari pok teh si aki nyarita, ieu nangka teh lain ngahaja ngala, tapi "murag ku maneh", tapi ningali kongkolak panona semu mencrong ka kuring, da heeuh dasar keur bolon, kuring rungah ringeuh teu puguh rarasaan, ari pok gantawang teh si kuring mairan, 'aki, naha da abdi mah teu kamamana!! Teu rumasa muragkeun nangka ieu, bujeng bujeng muragkeun nangka anu sakieu gede na, dalah naekna oge apan teu bisa!!!....", nya atuh sakur anu araya didinya mah ngan ger weh sareuri asa kagugu mereun.. Tah, heeuh da ayeuna mah geus jebrog, geus buluan sagala-gala, pasti ku ngartina kecap "kumaneh" dina wanda kalimah anu siga diluhur, ngan anu jadi patanyaan teh, cing pang ngolongankeun, naha timana tah palasipah kecap "kumaneh" bisa di kantetkeun jeung kalimah siga diluhur, maehan maneh, murag kumaneh, jrrd. Hatur nuhun ah, mugia aya sisieur sa benyereun pulunganeun si kuring anu pernah aya "kasus" jeung si aki tea.. J From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of surtiwa surtiwa Sent: Wednesday, June 06, 2007 7:29 AM To: [email protected] Subject: Re: [Urang Sunda] (4s) heureuy kang Ibing Saleresna mah jawaban teu nyambung...tapi keun we lah da heureuy..ari sabab cai laut asin mah eta teh parantos jelas dan seueur lauk asin ti laut teh. garing...ah ! --- mj <[EMAIL PROTECTED] <mailto:jamal%40itenas.ac.id> > wrote: > > dina KORAN SUNDA aya rubrik tanya jawab nu di jawab > ku kang Ibing. ieu nu > inget > > > CAI LAUT ASIN > > "Naon sababna cai laut asin?" > jawaban kang Ibing, "Sabab mun amis ke digembrong > sireum!" > > BAKAKAK > "Naha nya panganten sok parebut bakakak hayam?" > jawaban kang Ibing, "sabab mun bakakak munding mah > hese!" > > > > > mj > > http://geocities.com/mangjamal > > > > > __________________________________________________________ Food fight? Enjoy some healthy debate in the Yahoo! Answers Food & Drink Q&A. http://answers.yahoo.com/dir/?link=list <http://answers.yahoo.com/dir/?link=list&sid=396545367> &sid=396545367 __________ NOD32 2310 (20070605) Information __________ This message was checked by NOD32 antivirus system. http://www.eset.com

