Sim kuring satuju upami aya iklan mung kedah dibatasi postingan
iklanna misal saptu-minggu wungkul sepertos anu ku kang dudi
diusulkeun. Nu penting mah ulah unggal poe nya cukup saminggu sakali.

Kanggo ngaiklankeun nana salian diposting ka milis kusnet tapi tetep
ieu kudu diatur tata carana ulah tepikeun ka pasuliwer ku iklan anu
teu pararuguh. Atanapi iklanna tiasa ngiring ditangkodkeun di web
kusnet www.urangsunda.net atanapi ngiring nangkod di webna kang soni
www.bolotot.com atanapi bd ngadamel husus nyalira misal
www.warung-kusnet.com, atanapi www.ekusnet.com atanapi www.blekok.com
he he....tapi ieu mah kudu aya iuran wajib misal sabulan 1000-5000
jang naon nya jang ngeusi kencleng kusnet tah lamun aya transaksi nya
eta mah mangga wae bd masihan deui kanggo kencleng YP teu sawios-wios.

Cobi ngacung dikusnet aya sabaraha urang anu gaduh usaha sarungan eh
sampingan atanapi sanes sampingan ?

Ieu mah pangalaman sim kuring jualan didunya maya jualan bajigur
allhamdulilah jualan teh teu kudu angkag-ingkig nanawarkeun dagangan
tiap sasih teh aya wae anu naroskeun mah dugika malaya mung naroskeun
wungkul he he....anu meulima nya aya wae hiji dua mah he he tapi ieu
mah aya trikna supaya batur ngagoogling web urang ka saring misal
"bajigur".

Tos sakitu wae heula punten ieu mah mung usulan wungkul.

baktos
Tukang bajigur




--- In [email protected], "ndoell" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Enya kitu...
> keun we anu rek arusaha mah, da lain milis komersil apanan.
> mun seug masang iklan dina majalah atawa koran tea pan aya 
> ongkos produksina..
> 
> Jaba saha deuih rek ngitungan taripna. 
> Ceuk uing mah, rek iklan mah mangga bae.
> Tapi nu penting mah nga-iklankeun usaha/dagangan sorangan.
> 
> Susuganan atuh mareunang rijki ngaliwatan milis,
> tuluy engkena bisa nyumbang ka Yayasan Perceka Kusnet.
> Sukur2 usahana mayeng, atuh jadi donatur tetap.
> Apan nu diharepkeun teh, Urang Sunda salian ti palinter,
> oge baleunghar tur berehan.
> 
> Okeh ?
> 
> 
> -dul-
> kuncen #8
> 
> 
> --- In [email protected], kumincir <kumincir@> wrote:
> >
> > maksudna mah salaku amil meureun, atawa ukur nyalurkeun ka nu hak 
> nampina
> > (misalna dina bentuk beasiswa keur nu teu mampuh).
> > 
> > Ari rek pasang tarip teh... lain nanaon... isin ku Cep Yudi... eh, 
> ku Cep
> > Yahoo. Heuheu...
> > 
> > Sensi, lah masalah artos mah... Keun wae, nu bade dagang mah 
> mangga bae.
> > mudah2an silaturahmi ngaliwatan Kusnet teh lain ukur ngahudang 
> kasundaanana,
> > tapi oge jadi cukang pirijkieun ka sasama.
> > 
> > On 6/7/07, Heryadi, Eddy <Eddy.Heryadi@> wrote:
> > >
> > >    Ke..ke... ari KUsnet kalebet 7 Asnaf panampi Zakat?
> > >
> >
>


Kirim email ke