Sanajan ku ki Kuncen geus dibere "lampu koneng" kana thread ieu, tapi kabita hayang mairan, meunang meureun nya saeutik mah.
KAHIJI kuring rek mairan soal robahna ageman mayoritas urang Pasundan (Islam) kana ageman sejen. Terus terang kuring teu percaya urang Pasundan bisa pindah kitu wae ageman sanajan dibibita ku materi. Ari sababna mah Islam jeung urang Pasundan sacara budaya geus ngahiji. Loba budaya Sunda nu pakuat-kait jeung Islam. Contona loba : Lebaran (+Halal bi halal), kuda renggong, sisingaan, wayang golek, Hadro, terebang, beluk, tahlilan ...jrrd. Tah salila nu kararieu masih diparake ku Urang Sunda, Islam bakal tetep langgeng di tatar Sunda. Nu masalah lamun nu tradisional2 ieu jadi leungit atawa dileungitkeun (sabab aya oge gerakan nu hayang "Islam murni", nganggap nu tradisional teh teu saluyu jeung nu murni). Akibatna urang sunda bisa "kacabut" tina akar budayana (nu pakuat-kait jeung Islam). Tah ... lamun geus kitu, memang gampang pindah ageman. Sabab pindah ageman hartina oge pindah budaya. Contona nu pindah ageman moal nanggap kuda renggong atawa sisingaan ....da budakna teu perlu disunat! KADUA, kuring rek mairan soal Islam di Eropa. Lamun nempo Eropa (pangpangna Eropa Kulon) kudu ditempo heula iraha Islam asup ka Eropa Kulon. Sabenerna Islam di Eropa Kulon dibawa ku KAUM IMIGRAN nu asalna ti nagara-nagara Islam di Timur Tengah jeung Afrika. Kaum Imigran ieu aya pelarian politik nu dibere suaka politik ku nagara kulon. Contona Imam Khomaeni nu mabur ka Perancis waktu diudag-udag ku Syah Iran. Aya oge Imigran nu ngaharepkeun panghirupan leuwih alus tibatan ti nagarana. Denmark salah sahiji nagara nu NAMPUNG ieu kaum imigran (boh pelarian Politik atawa nu hayang hirupna leuwih alus). Kaum imigran nu harirup di Eropa kulon, mimitina harirup DI SUBSIDI ku nagara nu nampung. Hartina kaum imigran ieu "dahar"na ditanggung ku Rakyat asli nagara-nagara Eropa Kulon. Lila-lila kaum imigran nu neangan kahirupan jeung kasalametan di Eropa kulon ngalobaan. Jadi weh aya BENTROK BUDAYA. Katingalina ayeuna, kaum Imigran teh dianggap "BEUNGBEURAT" (beban) keur sabagian rakyat asli. Tah kusabab kitu urang asli neangan sagala lolongkrang keur ngajejeleh kaum imigran, kaasup agemanana (nu kabeneran lolobana Islam). Mungkin kaharayang sabagian urang asli ERopa Kulon, kaum Imigran ieu teh baralik deui ka nagarana! Jadi, lamun ditempo leuwih jero, sabenerna mah soalna lain ageman, tapi soal ekonomi. Sikep "rasialis" ka kaum pendatang sabenerna mah di urang oge aya. Tingali we sikep urang asli ka urang Cina di urang! Cag ah, bisi loba teuing salahna. Baktos, WALUYA > --- netta fahad <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Abdi cuma ngelingan ka diri nyalira hususna, oge ka > para warga pasundan umumna. Abdi nyaah ka warga > Pasundan, teu tega mun Urang Sunda digebruskeun jadi > murtad. Yeuh, tingal Urang Eropa pangpangna nu nuju > aheng ayeuna di Denmark, maranehanana meni gencar > ngalawan pengislaman Eropa. Tun tingali, dina > kasalahan oge maranehna meni gencar, Padahal niat > urang alus jang nyalametkeun maranehanana di aherat. > Naha urang anu aya dina bebeneran cicing wae???abdi > emut keneh pelajaran PPKn pas SMP, Aya salahsahiji > pasal dina UU anu nyebatkeun yen ulah nyiarkeun > agama kanu tos ngagem agama.

