Baraya hususna urang Kuningan, dimana wae ayana. Saderek ngaraos sono ka sarakan lemah cai Kuningan..? Mangga kedalkeun ngalangkungan komentar dihandap ieu, tiasa oge ka email : [EMAIL PROTECTED] Pasualanna mah naon wae, nu penting mah aya mangfaatna boh kanggo kapentingan pribadi boh kanggo umum. Da harepan mah, ieu panglawungan teh tiasa dimangfaatkeun kanggo nyangreudkeun tali mimitran boh baraya nu aya di Kuningan sareng nu aya di pangumbaraan (luar daerah), nu tangtos hiji waktos mah ngaraos sono, tibelat ka bali geusan ngajadi. Emut kana kasauran sepuh kapungkur, kuya mah tara poho ka leuwi. Hatur Nuhun.
Tiasa ditoong di http://lemburkuring2007.wordpress.com/

