Waalaikumsalam Wr.Wb.
Haturan kang Haji Zaenal, mangga linggih.......
Wilujeng gabung di lembur bakus ( babakan Kusnet), mangga sing betah didieu
nya..!, seueur baraya ........, nepangkeun si ipeut aya diwetan.
Wassalam
ipeut
"H. Zaenal Arifin" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Sampurasun..
Assalamu'alaikum Wr.Wb
Kahatur urang sunda anu ngiringan kana ieu millis, wabil khusus ka para
kuncen, simkuring ngahaturkeun nuhun kana ayana ieu millis .. simkuring nembe
terang aya millis anu Insya Allah seueur pisan manfaatna.
Nepangkeun simkuring pun Zaenal Arifin kawit ti limbangan Garut, rorompok
ayeuna di cicalengka ari pakasaban simkuringteh kaleureusan di travel agent anu
aya di bandung bagean Haji sareung Umrah.
Manawi ditampi pikeun gabung sareung dulur - dulur anu khususna dulur ti
sunda atanapi dulur anu sanes urang sunda mung resep kana budaya sunda.
sementawis sakitu heula panginteun.hapunteun bilih aya lepat dina basa
sareung tulisan.
hatur nuhun
Assalamu'alaikum.Wr.Wb
---------------------------------
Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru!
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com