Tah kuring satuju pisan jeung kang Dudi. Sarerea oge didieu urang 
Sunda atawa nu mikacinta Sunda,  benten pandangan mah biasa, nu 
penting sarerea ngarasa Sunda. 

Kabeneran kuring kungsi ngadongeng di millis sabeulah soal kumaha 
pangcekadan soal kayakinan nu tadina leutik, malah ngagedean akibat 
paheuras-heuras. Tapi ieu dongeng saukur nu katangkep ku ingetan 
kuring ti carita salah saurang nu ngalaman kajadian ieu. Jadi upami 
aya nu lepat, nyuhungkeun pangapunten sareng koreksianana.
 
Tah ieu dongengna:

=======================
Kuring boga dongeng yeuh soal pindah agama, "oleh-oleh" kamari ulin
ti Yogya. Di Yogya kuring papanggih jeung Pa X pangsiunan dosen
jeung aslina urang Cigugur Kuningan, Anjeunna geus sepuh yuswana
langkung ti 75 taun. Anjeunna ngaakangkeun ka kuring teh, padahal
mah yuswana jauh. Uplek ngobrol kaditu-kadieu, tepi ka soal
MADRAIS ....

Cenah ceuk anjeunna Madrais teh masih sakaturunan keneh jeung
anjeunna (sa-trah). Madrais teh ibuna urang Cigugur, masih wargi Pa
D, ngan ramana teu jelas (aya nu nyebatkeun Pangeran ti Ciawigebang
Cirebon). Nuju anomna, Madrais teh masantren jeung jalmina pinter
pisan. Hiji waktu anjeunna padungdengan (debat) jeung para Kiai.
Para Kiai teh kaelehkeun ku argumentasi Madrais, tapi embung ngaku,
tepi ka kaluar ucapan nu teu pikaraoseun Madrais, "Alah ...ari maneh
bapana saha?"

Ti harita Madrais teh pundung, anjeunna sasatna ngejat, lumpat kana
kabatinan/kapercayaan. Maklum turunan jalmi anu ageung pangaruh
jeung oge anjeunna jalmi pinter, seueur nu ngiringan kana aliran nu
diadegkeun. Salah sahiji ajaranana anti kana hal-hal nu impor/ ti
luar. Akibatna Madrais kungsi lebet panjara di jaman kolonial. Jadi
tiasa disebatkeun Madrais teh sebenerna mah "pejuang".

Ku ngadegna aliran Madrais, urang Cigugur jadi kabeulah dua, aya nu
tetep Islam (kaasup kulawarga pa X) aya oge nu ngiring aliran 
Madrais.

Hiji waktu, di jaman geus merdeka, waktos Madrais parantos
ngantunkeun, aya nu nikah, pamegetna ti kulawarga Islam, ari istrina
ti aliran Madrais. Nikah ieu, akhirna jadi masalah keur dua
kulawarga nu sabenerna mah sakaturunan. Masalah ieu akhirna murag ka
Pangadilan/ Kajaksaan. Pa X, salaku wawakil ti kulawarga Islam,
sabenerna mah geus nyabut perkara ieu, da ceuk anjeunna, rek
dikukumaha oge Madrais jeung kulawargana teh masih dulur keneh, teu
pantes tepi ka dibabawa ka pangadilan.

Tapi jaksa nu nyekel perkara ieu, kabeneran urang Batak Islam,
kalahka nyebut ieu jadi urusan kajaksaan/pamarentah. Kajaksaan
akhirna ngalarang aliran Madrais.

Para pengikut Madrais, akhirna aya nu lebet Islam deui, aya oge nu
lebet Katholik. Ari ceuk kuring teh naha make lalebet Katholik?

Tah ieu masalahna. Ceuk Pa X mah, para Kiai teh salah cara
ngadeukeutanana, sabab make jalan heuras. Contona lamun rek asup
Islam deui wajib kudu disunat heula. Akibatna nu sieun disunat pada
mugen, maklum geus karolot. Asup weh Pastor, "Kiai" Katholik nu make
cara lemah-lembut jeung bisa "ngahubungkeun" Madrais jeung Yesus nu
sami2 teu gaduh rama. Nya garaleblus weh arasup Katholik tepi ka
ayeuna. Waktu nyaritakeun eta, Pa X nyariosna rada ngalimba:"
Padahal sadayana oge dulur-dulur Akang ....."

Cag ah, nyuhunkeun pangapunten ka Urang Cigugur, boh nu ti Islam
atanapi ti ageman sanes upami seueur lepatna maklum nulisna ukur
sakainget ....
==================================

Baktos,
WALUYA

--- In [email protected], "dudi_ss" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Mangga Kang Teddy di teraskeun tong ringrang tong haringrang,
> patarosan-patarosan samodel kitu "Alloh aya imahan" kedah 
dipasihan preambul


Kirim email ke