sainget kuring, upama hayang munggah haji kiwari, upama daftar ayeuna
antrianana keur GENEP TAUN ka hareup. jeungna deui pamohalan, urang
korea, bandung, ciamis, jeung cibatu make bisa sakloter sagala rupa.
kajaba upama make onh-plus. (mh)

--- In [email protected], "waluya56" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Heuheuheu .... sugan teh bener, boro geus atoh yeuh urang Kusnet naek 
> Haji heug teh sakloter deuih. Kuring oge kungsi disangka rek naek 
> haji, malah kungsi ku masjid di Perumahan rek di "pangaosan"keun. Duka 
> saha eta teh nu ngaributkeun, atuh jadi kuram-kireum, da ondangan 
> pangaosan ti Masjid disebar ka tatangga. Kapaksa kuring jeung 
> pamajikan nerangkeun ka tatangga, yen eta teh salah informasi. Tapi 
> aya we nu teu acan nyahoeun yen sabenerna salah informasi. Aya 
> sababarha hiji surat ondangan ti tatangga nu ngondang kuring, aran 
> kuring sok make gelar Haji ....
> 
> Waktu nempo surat ondangan nu make gelar Haji, ka pamajikan teh kuring 
> ngomong, keun we, sugan we katuliskeun .... (lain jurig ah) jadi 
> kalaksanakeun bisa munggah Haji, duka iraha-irahana mah, ngadagoan 
> rejekina heula.
> 
> Baktos,
> WALUYA
>


Kirim email ke