Merhatoskeun pangalaman Aki Tams, aya leresna wirehna PNS pamarentah pusat
anu di tempatkeun di daerah sesah aksesna kana paningkatan jenjang pendidikan.
Sering kajantenan, departemen anu ageung anu henteu ngolah tour of duty kanggo
karyawanna, tambelar henteu masihan akses pendidikan anu sami kanggo karyawan
di daerah.
Wangsul kana masalah beasiswa filologi kanggo widang sajarah sareng budaya
Sunda, panginten potensi aya di daerah (di Banten sareng Jabar). Pamarentah
pusat arang langki nawisan beasiswa dina ieu widang. Upami pamarentah pusat
nawisan beasiswa dina eta widang, panginten potensi anu aya di daerah henteu
acan tangtos tiasa kenging akses kana eta beasiswa. Janten panginten henteu aya
lepatna upami beasiswa atanapi iketan dines dina ieu widang diprogramkeun ku
pemda sapertos usulan pribados. Eta mah numutkeun pribados anu henteu terang
kondisi pemda saleresna, tiasa wae lepat.
Wassalamualaikum,
Tatang Sariman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Muhun yi henteu nyakompet daunkeun eta oge, mung aya (tangtos teu sadayana)
kitu oge babadean. Namung pangalaman aki tams oge mantan TID PdanK tahun 1978.
Teu aya masalah dina peringkat S1 mah. Saparantos diangkat janten PNS
ditempatkeun di luar Jawa, tah didinya, bade ngiring seminar di lebet komo ka
luar negeri mah; serat panggilan lulus teh sigah ngahaja dugina teh waktosna
samporet, padahal kedah ngurus itu ini. Atuh bolay wae (pangalaman bade kursus
9 sasih ka India).
Diakalan weh alamat surat teh tong ka kantor tapi ka rorompok, teras
institusi anu manggil mung tembusan ka kantor mah; (eta pangalaman S2 di UI
1990). Waktos bade S3 oge hahalang teh kacida, ditugaskeun di Pascasarjana
heula, majar teh itung2 mayar ikatan dinas, padahal S2 dibiayaan 100% sponsor
(USAID).
Janten lahaola we nekad sakola teh bari yakin, da tos katampi di padamelan
sareng irongan S3, ngabiur, wawartos bade milari sakola ka luar nagara.
Berekah tos ditampi S3 serat panggilan ditampina dikintun ka kantor. Ieu carios
mulus, da aya sababaraha urang anu sanasib kawitna, kumargi tos di luar negeri,
bosna keukeuh peuteukeuh teu ngawidian, anu ditampi ti kantor teh sanes widi
sakola, malah serat PHK. Tah eta kasus pangalaman pribados.
Asep
---------------------------------
Ready for the edge of your seat? Check out tonight's top picks on Yahoo! TV.