Sae MJ.
Dirojong pisan. Kuring jadi kabita pisan hayang oge sakola deui.
Tapi...anu ngajurung mah aya, ngan teu bari gebro mang dana na.
Kuring mah teu boga wawanen jiga MJ.

Diduakeun pisan. Omat, upami hasil "ulin" teh alungkeun. Kuring hayang ngilu
maca. Sugan we jadi nyaho.

hatur nuhun
tantan

On 6/15/07, mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:


Tadina mah moal bebeja, bisi dikekeak siga nu euweuh gawe. tapi kusabab
patali jeung sunda, nya bebeja we, sugan dibarantuan, dituduhkeun jalan
-nuhun mun sakalian dialanteur jeung dibekelan, paling copel didu'akeun.
Heuheu

Tilu-opat poe katukang meunang surat panggilan. Katampa sakola deui. Di
program pasca sarjana itb, program ilmu desain & senirupa. Program Doktor
tea, mondok di kantor.

Ari calon panalungtikan nu engkena didesertasikeun mah perkawis Estetika
Sunda tea, utamana dina widang wangunan atawa arsitektur jeung budaya nu
narapel dina widang eta sarupaning parabots imah. Cara nalungtikna mah
make
jurus ngablu atawa ulin tea, nya kudu nguriling ka lembur2 satatar
sunda-milih atawa random surandom sakapanggihna. Nu geus kairong baris
dipaluruh nyaeta kampung Adat (anyar) sindangbarang Bogor, terus cek kang
Ajip, di Sumedang aya imah urut Bupati Bandung (nu turunan Sumedang)
Martanagara, oge aya imah urut Cut Nya Dien nu cenah asli keneh.

Oge Garut cipanas. Pedah loba hotel nu make model hateup injuk tapi
dindingna tembok (sebut we arsitektur campuran modern+tradisional=post
modern). Kahayang mah teu noong kampung2 adat-sabab eta mah geus jadi
living
museum-budaya wangunan geus eureun, tapi sarupaning imah atawa wangunan
urang sunda biasa. Boh nu antik, nu kamari/modern boh nu beh dieu (sebut
we
post-modern). Nya rek motret kabinangkitan urang sunda patali jeung budaya
bumen2, hunian/dwelling culture.

Ari gampangna mah rek neangan naon nu sok aya atawa angger-keukeuh aya di
imah2 tatar sunda. Ari nyawana nalungtik perkara eta, ku manggih kecap
papatah kolot tea, hirup kudu masagi. US make simbol pasagi pikeun conto
hirup hade. Opat sisina rata. Sarua. Duka ti iraha eta papatah. Naha
karuhun urang baheula geus boga rumus dina urusan rupa (bentuk), buleud,
pasagi (bujursangkar, square, segitilu, jsb.

Kungsi keur ngahuleung hareupeun komputer di imah-bari ngomong sorangan,
indung budak lumpat ka dapur. Teu lila balik deui mawa hihid. Haha. Tuh
tingali! Pokna. Enya, bentukna pasagi, lapis luar/nu gedena. Nu leutikna,
segitilu. Timana eta bentuk asalna, nya? Bentuk segitilu eta ditapelkeun
kana hihid nu pasagi, pikeun nguatkeun bentuk segi opatna. Jadi leuwih
anteb
dipakena tah sakadang hihid. Eta mah conto kabisa karuhun nyieun
sarupaning
parabot nu make model bentuk kotak jeung segitilu. Beh jauhna nya noong
imah.

Sanajan istilah estetika asalna ti kulon (Baumgarten) nu cenah beh ditu ti
Yunani Kuno jaman Toto Plato atau Aris Aristoteles, si kuring yakin,
karuhun
urang oge boga, sanajan teu ditarabeuh. Ke urang toong ka terjemahan
naskah
Siksa Kanda Karesian (Atawa Galunggung Message tea) di ua Sas. Pasti boga
sarupaning rumus dasar atawa paling copel carita ngeunaan soal kaendahan
dina rupa.

Ngan can sugema pisan, sabab beasiswana (bpps cara keur s2 kamari) can aya
pengumuman. Cenah pertengahan agustus. Tapi daptar ulang awal agustus.
Jaba
pangulinan teu boga anggaran taun ieu pikeun nalangan. Hadena aya imah di
antapani. Kontrakanana pikeun spp awal. Itebe ayeuna mah model suwasta
(cap
bhmn tea), aya uang kuliah tetap, 3,5jt/semester, jeung uang SKS, sa SKS
Rp
350 rebu. Baheula mah lempeng we. Mayar sakitu rebu keur sasamesteren. Ke
urang tanya, kaci teu ku pare atawa kalapa. Haha.




--
tantan hermansah
www.tantanhermansah.co.nr

"jig geura narindak; jeung omat ulah ngalieuk ka tukang!"
--siliwangi--

Kirim email ke