Hiji mangsa di taun 2004, aya urang daerah anu kapeto jadi wakil rahayat, kudu gancang miang ka dayeuh (jakarta), sabab rek aya pelantikan jeung rapat paripurna. Rigidik wae indit badarat (jalan darat). Sok sanajan lila oge, teu karasa sabab hate bungangang jadi wakil rahayat, kacipta wae engke balik ka lembur bakal rebo ku cicis jeung oleh-oleh ti kota.
Bada rapat dewan, wakil rahayat teh mulang deui ka kampungna, tapi ayeuna mah make kapal udara, diurus ku panicia pusat. Saumur-umur wakil rahayat teh kakara naek kapal udara. Waktu "check in" wakil rahayat teh rada heran oge, sabab ngarasa aya nu teu beres dina soal tiket. Waktu ditanyakeun ka pramugari kapal, cenah memang tiket keur wakil rahayat teh heunteu salah. Tapi wakil rahayat teh semu nu ngambek, adu regeng jeung pramugari. Wakil rahayat teh menta supaya tiketna diganti jadi kelas legislatif, lain kelas eksekutif. (oleh-oleh ngiluan sosialisasi Keputusan & Ketetapan MPR RI) baktos, mrachmatrawyani ____________________________________________________________________________________ Sucker-punch spam with award-winning protection. Try the free Yahoo! Mail Beta. http://advision.webevents.yahoo.com/mailbeta/features_spam.html

