Nyambung soal Malaysia nomer wahid dina trafiking jeung ayeuna ampir 
sadayana koran nasional di Indonesia ngamuat gambar TKW di Malaysia nu 
gugulawingan dina kain nu disambung-sambung, kulantaran kabur ti 
apartemen dununganana, ieu aya DAFTAR SUMBER TRAFIKING DI JAWA BARAT 
tina koran Tribun Jabar:

1. Sukabumi
3. Bekasi
4. Indramayu
5. Bandung
6. Karawang
7. Bogor
8. Cianjur
9. Bekasi
10. Depok
11. Cirebon
12. Kuningan
13. Tangerang (banten)

Cenah ceuk anggota DPRD Jabar, Diah Nurwitasari trafiking teh ibarat 
fenomena gunung es. Nepi ka ayeuna Teu aya Perda (peraturan Daerah) 
Provinsi nu ngalarang trafiking. Tapi cenah Rancanganana rek dijieun 
taun ieu.

Ceuk pupuhu Koalisasi Perempuan Indonesia (KPI) Cianjur, Liya Yulia 
tepi ka ayeuna perhatian Pemkab Cianjur kana trafiking minim pisan. 
Kakara Indramayu nu boga Perda eta di taun 2005.

Ceuk kuring ieu mah, ironis pisan, ari perda dikurudung, tempat 
maksiat malah pangheulana tipucunghul, ari soal trafiking mah teu aya. 
Padahal trafiking teh nu ngahasilkeun pelacuran jeung pornografi 
salian ti perbudakan modern.

Baktos,
WALUYA
 





  

Kirim email ke