Alhamdulillah, leres pisan, teu aya anu benten. hatur nuhun. 

Simkuring <[EMAIL PROTECTED]> wrote:              Sae pisan aki tams, mungguh 
hirup di dunya ieu teh lain ngan ukur nyengceurikan jeung nyengseurikeun 
kadunyaan wungkul ceunah mah J. Tapi  sabelegenjeur ieu awak estu di “seba” 
keun enggoning ngalakukeun parentah sareng nebihan sagala rupi anu di larang 
Allah, nyaeta anu disebut ibadah tea, apan jugrug dina ayat alQur’an yen teu 
samata-mata Allah nyiptakeun jin jeung manusa iwal ti supaya maranehna ibadah 
ka Allah Ta’ala (AdDzariyaat 56).
  
  Perkara lalampahan hirup, nya kitu keneh deuih, apanan ceunah sa ditiupna ruh 
ka si utun inji, nya ti harita lampah hade jeung goreng, milikna, jodo na jeung 
rea-rea deui tug dugika iraha urang bakal balik deui ka Mantenna parantos di 
catet di lauhul mahfudz.
  Tapi asa aya hiji hal anu bisa di adugundem keun leupas tina perkara qadha 
jeung qadar na hiji manusa, nyaeta urang longok dina ayat 11 surat ArRaad 
(urang ala tengahna), ….Saestuna Allah moal ngarobah kaayaan hiji kaom tug 
dugika maranehna boga paniatan ngarobah kaayaan maranehna sorangan….
  
  Dina ieu perkara, sanes kuring cologog nyanyahoanan, ngan urang kolongan, 
antara takdir jeung kahayang jalma salaku makhluqNa, mereun didieu merenahna 
eta judul “hirup teh pilihan”, sanajan ayat dina surat arRaad tea geus nembrak 
tungtungna yen lamun Allah Kawasa nangtukeun kagorengan oge ka hiji jalma, ngan 
dimimitian ku hiji kalimah “Allah moal ngarobah kaayaan jalma saacan manehna 
ngarobah kaayaan maranehna” anu pihartieunana yen Allah teh masihan kawenangan 
ka urang pikeun “ijtihad” atawa ceuk kasarna mah nangtukeun mana anu bener 
jeung mana anu salah, keun mereun ari cunduk kana perkara husnul khatimah atawa 
su’ul khatimah mah nya kaasupna kana Kawasa Allah tea, ngan ninggang di 
“nangtukeun pilihan”, kuring nga artikeunana yen Allah moal pati mere 
kaleuwihan ka jalma mangrupa otak keur mikir lamun hirup salawasna teu mirosea 
kana pilihan eta alias nyurup kana laku robot.
  
  Ku ieu perkara, nya pating pucunghul para nabi jeung rasul, anu kapasitasna 
teu beda ti urang ngan boga kaleuwihan nyaeta diutus langsung ku Allah wungkul, 
para nabi jeung rasul tugasna mirosea ka kaumna sangkan miboga pilihan tea, 
nyaeta ngajak ka urang supaya milih anu pinilih, milih anu dipika ridha ku 
Allah Tabaraka wa Ta’ala. Da ari bener jeung henteuna mungguh ceuk manusa, apan 
can bisa disebut bener lamun ceuk agama can bener, kitu deui perkara salahna. 
  Barabat dalil jeung laku lampah rasul di beberkeun dina kahirupan sapopoena, 
nyaeta supaya lempeng lalampahan mungguh karidhaan Allah keur urang sadayana. 
  
  Jadi ceuk si kuring, hirup teh pilihan, mereun mun ditingali dina kaca 
kadunyaan, keun wae ari memang kudu kitunamah da lamun balik deui kana urusan 
pasipatan jelema, nyaeta nandonkeun kamotekaran daya pikir keur nangtukeun mana 
anu bener jeung mana anu salah, tapi mun ditilik tina kaca ka kaakheratan, nya 
bener yen hirup teh anugerah Allah anu sa ujrat na kudu di syukuran ku cara 
meuli nikmat Allah ku mangrupa ibadah anu jelas, shahih alias bener sakumaha 
manungtun Allah ngalangkunan RasulNa Muhammad sallallahu ‘alayhi wa sallam.
  
  Punten aki tams, sok pipilueun wae yeuh J J….
  
      From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of 
Tatang Sariman
Sent: Sunday, June 17, 2007 3:41 AM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] Hidup Adalah Pilihan


  
          Pamadegan aki tams, hirup teh sanes pilihan, tapi hirup teh "anugrah 
Alloh ka mahlukna". Teu pernah aya carita mahluk anu kasebat jelema daftar ka 
anu masihan hirup hayang hirup atanapi hayang jadi naon kituh?? Urang sadaya 
ditakdirkeun/dipasihan bari teu pernah menta hirup dugi ka ayeuna.  

    

    Dina sajeroning nampi hirup/ nyawa ieu, urang memang mayunan dua perkara, 
nyaeta perkara-perkara anu sae sareng anu awon. Tah palebah ieu lelembutan dina 
hate urang ngangken, mana anu sae sareng mana anu awon, tah eta dhomir anu 
salamina sasarengan sareng godaan nafsu. dhomir ngajak kana perkara anu sae, 
tapi nafsu ngajak kana perkara anu awon. 

    

    Wallohhualam.

"Suarsa, Roni" wrote:

              http://www.pusatresume.com/index2.php?userid=subiyanto  


      Kunjungi homepage tersebut untuk mendapat materi dan penghasilan 
lain-lain...


      Hidup Adalah Pilihan.












  

         

       
---------------------------------
Moody friends. Drama queens. Your life? Nope! - their life, your story.
 Play Sims Stories at Yahoo! Games. 

Kirim email ke