Catetan Sindangbarang 27 Mei 2007 (lanjutan...)
   
  Seri ROAD TO HOLY LAND: pengantar ke arah pemahaman jati diri
   
  Agni Malagina
  Diterjemahkeun ku Kang Mumu (Munawar Holil)
   
  Raga anjeun kacapi kuring
   
  Kuring neuteup ramo kuring
  Jempol, curuk, jajangkung, jariji, cingir
  Hayang ngobahkeun hiji-hiji
  Ngajentreng senar pireu raga anjeun
  Kuring neueulkeun senar kayas dina halimun soca anjeun
  Kuring metik ramat beureum getih anjeun
  Kuring nabeuh hiji komposisi tanpa laras
  Taya pelog, taya salendro, taya madenda
  Diadumaniskeun jeung jagat
  Nyiptakeun sonoritas ngablak dina alam kuring
  Raga anjeun adu hareupeun jeung kuring
  Kuring ngarasa helok ku nada semu ceuk anjeun
  Raga anjeun kacapi kuring
  Rek dijentrengkeun tug nepi ka bedah cimata kuring di tungtung mongklengna 
duriat anjeun
   
  27 Mei 2007 baluwengna hate dina poek
   
   
  Kacapi—alat musik make tabung resonansi pasagi opat manjang—loba kapanggih di 
sababaraha tempat di sakitu nagara, aya nu disebut kacapi, sitar, siter, 
zithar, koto di Jepang, gucheng di Cina, jllna. Cara ngamaekeunana ku cara 
”disintreuk” jeung ’ditoel” ngadumaniskeun ramo-ramo kenca jeung katuhu. Loba 
pisan wanda/jenis kacapi jeung siter teh. Yaaah...eta mah ketang urusan ahli 
etnomusikologi jeung pemerhati musiklah. Si kuring mah ngan saukur hayang 
nuliskeun naon-naon nu kadenge jeung karasa waktu aya nu maen kacapi jeung 
sitar.
   
  Dina lalampahan ka Sindangbarang waktu aya ”Seren Taun” (Pebruari 2007), si 
kuring kungsi kataji ku pintonan kacapi suling di panggung hareupeun Imah Bali 
(Bumi Pak Maki/Ama Maki). Hanjakal pisan .... kusabab hujan nu kawas dicicikeun 
ti langit lumangsung terus, si kuring teu bisa lugina ngalenyepan pintonan eta 
kacapi suling. Tungtungna mah si kuring leuwih milih jalan-jalan ka warung 
ceuceu NU (Nasi Uduk) ngadon nyaneut ngararasakeun nikmatna pisang alias goreng 
cau bari nyuruput cikopi. Tah .... samemehna ngadongengkeun soal 
kacapi...ngomong-ngomong soal kopi...kamari tanggal 26 Mei 2007 di Lembur 
Budaya Sindangbarang, tengah peuting, si kuring disuguhan cikopi anu luar biasa 
pedo-elomna. Duka kumaha tah komposisinya nepi ka bisa kitu, nu pasti mah eta 
asa kakara kapanggih ku si kuring. Kakara pisan si kuring  manggihan jeung 
ngarasakuen cikopi panas nu mungkin bisa disajajarkeun jeung istilah nasgitel 
(panas legit kentel) tea. LUAR BIASA!
   
  Si kuring bisa ngajubleg nepi ka jam 4.30 isuk. Numutkeun Kang Mumu (anu 
nerjemahkeun tulisan ieu), ceunah eta ge, di Bogor teh aya nu disebut ”kopi 
Bogor”. Eta kopi teh ngan aya di Bogor, teu pernah nyebar ka daerah sejen. 
Meureun nu peuting ku si kuring teh nu disebut ”kopi Bogor” tea. LUAR BIASA!
   
  Balik deui kana kacapi...
  Di panggung kampung budaya Singdangbarang nu aya di dukuh Menteng, si kuring 
nempo aya dua alat musik petik, nya eta sitar jeung kacapi nu wangunna siga 
parahu. Kacapi indung nya? Mimitina mah kuring bingung ngabedakeun mana anu 
disebut kacapi jeung mana nu disebut sitar. Tapi sanggeus meunang pituduh 
ngeunaan wangun pisikna saheunteuna kasalahan ngidentifikasi eta dua ”barang” 
teh bisa dikurangan. Si kuring rada ngajenghok oge basa ningali ukuran kacapi 
indung teh sakitu gedena. Si kuring ngabayangkeun, pasti beurat kacida, nya?
   
  Teu lila sanggeus pakepuk jeung urusan kamera jllna, si kuring ningali Abah 
Ucup geus aya dina kaayaan PW (puwosisi wuenak) nyanghareupan kacapi indung. 
Teu lila sanggeus nataan alat-alat jeung sajen, si Abah mimiti ngalakonkeun 
carita pantung dipirig ku kacapi. Karasa aya nyawaan, aya jiwaan. Jentrengan 
kacapina ekspresif pinuh ku ”kejutan”. Asa beda jeung jentrangan kacapi anu 
kadenge ku si kuring dina wanci beurangna, poe Saptu  26 Mei 2007. Waktu harita 
aya siter anu dimaenkeun ku Kang Didi—pantuner/tembanger/kecapis—ti 
Sindangheula Kabupaten Brebes, daerah deukeut Gunung Kumbang anu kamasur tea. 
Eta siter piligenti dijentrengkeun ku Kang Dedy—kecapis—ti STSI Bandung nu geus 
manggung jeung sababaraha musikus sejen di panggung nasional jeung 
internasional. Nada-nada anu melodius diadumaniskeun jeung heleungna tembang. 
Si kuring nepi ka nagarasa takjub waktu ngarekam gambar jeung eta sora teh. 
Geuning aya nya....musik nu bisa nengtremkeun hate si kuring. Meureun bisa
 dibandingkeun jeung nikmatna masakan buatan Ibu Maki nu LUAR BIASA...(Ibu Maki 
selalu menjamu kami dengan masakan yang enak....tertama sayur asem dan 
sambelnyaa)
   
  Sanggeus pantun Abah Ucup lekasan, kira-kira tabuh 01:06, si kuring jeung 3 
urang sohib (Ocid, Risna, Mufti) buru-buru menta Kang Dedy, Kang Didi, jeung 
Kang Nata pikeun nyieun ”renungan”...atawa leuwih pasna mah maksa maranehna 
pikeun ngayakeun resital kacapi. Sebenerna mah si kuring saparakanca (spk) geus 
siap narima jawaban ”heunteu ah”, tapi geuningan kawasna si akang-akang mah teu 
bisa nolak pameredih si kuring spk nu neuteup maranehna ku teuteupan nanar 
jeung ngahelas. Nya, jadi oge naon nu bakal kajadian dina skenario. Hahahha... 
Resital kacapi pleus kuliah ngeunaan kacapi, tembang, pantun tur diselingan 
obrolan jeung celetukan teu nyambung. Jaka Sembung dahar tongkol, teu nyambung 
euy dodol!! LUAR BIASA....
   
  Meh tabuh 2 janari, sora-sora kacapi diramekeun ku haleungna Kang Nata ni 
pinuh sumanget opat lima ngahaleungkeun sapotong lagu...si kuring ngan ngadenge 
saeutik...kawas kieu: Pajajaran kari ngaran, Pangrango geun narik kolot, 
Mandalawangi ngaleungit.....hebring pisan.
  Rengse sababaraha baris...pintonan lagu jeung kacapi teh dipindahkeun ka Kang 
Didi. Sora Kang Didi someah pisan ngagalindeng kana ceuli kuring. Saeutik beda 
jeung sora Kang Nata nu ”ngabeledag” dina poekna peuting. Hahaha...(Kang Nata, 
sora akang mah luar biasaaaa! Sumanget nyaaa). Nu ku si  kuring kainget harita 
Kang Didi ngahaleungkeun tembang nu aya kekecapan Pangapungan, Lalayang Salaka 
Domas, Puputon Kembang Keraton......waktu ngadenge Kang Didi nembang teh muncul 
pananya deui saperti: tos sabaraha lami Kang Didi diajar nembang. Ti 
Brebes,masih ngora tapi geus miboga kamampuh....LUAR BIASA.....
   
  Rengse pintonan nu pondok eta, Kak Ocid mimiti ngorekk informasi ti Kang Dedy 
ngeunaan kacapi jeung siter. Nu jadi udagan mah, sebenerna, si kuring spk 
hayang pisan ngadengekeun komposisi ciptaan Kang Dedy nu liar tea. 
Kabehdieunakeun si kuring spk nyebut Kang Dedy teh ” Si Siter Edan”. LUAR 
BIASA....
   
  Kuliah dimimitian ku cara atawa teknik ”ngajentreng”. Bedana jentrengan 
tradisional jeung nu geus dimodipikasi. Teu kaliwat dibahas oge ngeunaan 
siliheusina pirigan jeung rumpaka: ngarumpaka lagu, ngalaguan rumpaka. Oge 
disigeung ngeunaan dua ekspresi dina nyiptakeun lagu, nyaeta ekspresi nu 
diciptakeun pikeun kaperluan musikal atawa ekspresi mangrupa struktur lagu 
pikeun kaperluan ekspresi lagu. Loba proses dina ngawangun lagu dina musik 
tradisional Sunda. Salah saurang sohib nyeletuk: ”diajar sataun oge moal 
mungkin bisa saedan Kang Dedy euy!” Luar biasaaa.....(puguh atuh Kang Dedy tos 
diajar kacapi ti umur 10 taun!)
   
  Si kuring spk kungsi nanya naon bedana tembang, kawih, mamaos, pantun...si 
pendekar sitar edan teh terus we ngajentrengkeun  kalawan singget ditambah 
celetukan Kang Didi. Kalan-kalan Kang Nata oge ngajawab sakahayang alias 
ngacapruk teu nyambung! Aya sababaraha catetan seperti: Pirigan nu dipake keur 
mamaos sering teu aya beat atawa beat teu tangtu. Beda jeung tembang nu mibanda 
keajegan aksentuasi. Diwanohkeun oge kana cara ngajentreng ala Mang Koko nu 
loba dijadikeun standar permaenan kacapi di Bandung. Ieu jentrengan ala Mang 
Koko teh pangpopulerna, struktur komposisina leuwih ”nyaman” kana ceuli. Aturan 
sistem nadana dianggap leuwih henteu ngaganggu ceuli kusabab dina jentrengan 
tradisional aya nada nu teu saluyu jeung struktur kenong, struktur kendangan. 
Jadi Mang Koko sering dijadikeun ”rujukan” ku sabab  karasa leuwih babari 
dilenyepan ku ceuli-ceuli budak jaman kiwari nu kalan-kalan sulit ngadenge 
jentrengan kacapi tradisional.
   
  Kang Dedy oge ngawuwuhan yen manehna ngemekarkeun tehnik maen kacapi, 
widangna teh nu liar-liar. Lain hal nu bener-bener anyar secara tehnis, tapi 
bisa disebut ngaadaptasi. Kalan-kalan ngaadaptasi gucheng, kacapi ti Cina. 
Atawa ngajentreng kacapi ku inspirasi tina sora slap bass. Aya oge nu 
ngajentereng ala ngajentrengna gitar, kawas nu biasa dimaenkeun dina kacapi 
biola atawa kacapi kopi. Ceuk nu biasa dina tradisi Cianjuran mah sok aya 
celetukan, ”kacapi geuning digucrek-gucrek”. Kang Dedy ningali aya nu bisa 
dimekarkeun tina kacapi. Hiji senar kacapi bisa ngahasilkeun sababaraha sora ku 
rupa-rupa tehnik jengtrengan nu dimekarkeun....nepi ka nada mikrotone. Naon wae 
nu mungkin bisa dijadikeun sora kumanehna dieksplorasi. Samemeh dijieun 
komposisi, dipaluruh heula kamungkinan sora nu bisa ngawujud. Sitar oge bisa 
dieksplorasi, konci disetel bisa ngahasilkeun rupa-rupa laras...salendro, 
peleg, madenda, malah mah laras nu digunakeun ku kacapi Cina, laras dina gambang
 kromong, jeung sababaraha komposisi siter ti Jawa Tengah. 
   
  Peuting beuki nyerelek ka janari ngadeukeutan Subuh. Si kuring spk nodong 
Kang Dedy ngajentrengkeun hiji komposisi nu ku si kuring spk dipilih jadi salah 
hiji komposisi edan. Harita Kang Dedy milih hiji lagu  tradisional, Lalayang 
Salaka Domas, nu diinterpretasi ku cara jeung gaya manehna. Duka naon nu bisa 
dikedalkeun waktu ngadenge eta komposisi. Imajinasi si kuring teu kabebaskeun, 
kawengku ku puteran nada nu warna-warni. Musik kawas naon ieu teh? LUAR BIASA...
   
  Resital teh dipungkas ku rupa-rupa jentrengan sitar mirig lagu-lagu 
tradisional seperti Es Lilin, Jangkrik Genggong, Si Jali-Jali. Si kuring bogoh 
pisan kana komposisi Es Lilin nu oge dihaleuangan ku Kang Didi. Duka komposisi 
naon nu bisa someah pisan kana ceuli si kuring. Kacai nu dijentrengkeun Kang 
Dedy jeung sora Kang Didi rarasaan teh teu bisa dipisahkeun deui. Keun 
antepkeun marenehna adumanis eta isuk. Silih tarik dua kuasa, tradisional jeung 
kontemporer, kawasna mah geus ngeyeuban kabeungharan ragam budaya Sunda mangsa 
kiwari. Duka teh naha wanda kieu teh bisa disebuh budaya Sunda? Naha masih aya 
wae kontroversi nu asli tradisional jeung anu ’liar’? Kumaha duanana mangsa ka 
hareup naha bisa jalan babarengan? Naha duanana bisa saling ngeusian saluyu 
jeung kaperluan mangsa kiwari? Naha budaya lokal bisa ngungkulan budaya global? 
Naha nu lokal teh bisa hirup jeung hirupna dina keglobalan? Naha justru bisa 
ngalebur nepi ka bisa disebut glokalisasi. Hhhhh.....eta
 pananya deui...pananya deui....meureun ayeuna ngan ukur bisa nanya jeung 
nanya....bari terus neangan jawabna. Si kuring spk yakin, jawabna teh aya di 
hareupeun mata, ngan wae can katingal. Hiji mangsa si kuring spk yakn bakal 
mucunghul jawaban nu jujur sejujur-jujurna, asli nu saasli-aslina seperti ceuk 
Pak Agus Aris Munandar nurutkeun naskah Jatiraga ti abad 14.
   
  4.30 isuk. Poek masih keneh mongkleng. Tiris meuni nyecep pisan. Rengse 
Subuh, si kuring spk milih nangkuban di kamer bari disasarung. Si kuring spk nu 
gareulis tea masih kaburu keneh sawala, sapoe-sapeuting si kuring spk loba pisa 
diajar. Saeutik nyaho ngeunaan salah saurang pantuner Sunda nu geus cueut ka 
hareup, Abah Ucup, remeng-remeng terang ngeunaan siter edan, rada kabuka 
wawasan ngeunaan pantuner Gunung Kumbang, saeutik nyaho ngeunaan sajarah Sunda, 
saeutik apal ngeunaan carita wangunan istana Pajajaran jeung carita Dewi Asri. 
LUAR BIASA
   
  Saeutik nyaho tapi nyababkeun mata si kuring spk kabuka. Sakitu beungharna 
geuning budaya Sunda teh. Kasawang, sakitu lobana budaya di Indonesia....si 
kuring spk aya di mana? Si Kuring spk saha nu boga?
   
  Abah Ucup, Kang Didi, Kang Dedy mibanda sorotna sewang-sewangan. 
Mutiara-mutiara tatar Sunda nu boga rohna sewang-sewangan. Lalampahan si kuring 
spk, ROAD TO HOLY LAND[*] masih tetep rek maluruh mutiara-mutiara nu masih 
keneh nyumputkeun cahyana. ROAD TO HOLY LAND rek maluruh akarna....ROAD TO THE 
ROOT....kawasna mah bakal jadi lalampahan panjang si kuring spk, nomnoman 
kosmopolitan nu keur neangan akarna..... 
  
  
---------------------------------
      [*] ROAP TO HOLY LAND digunakeun ku si kuring spk ngan ukur gagah-gagahan 
tadina mah. Tapi ahirna mah aya motip nu leuwih dari ngagenaken ieu terminologi 
teh. Aya alesan nu kuat ku naon sababna si kuring mae kalimah ROAD TO HOLY 
LAND. Si kuring nyoko kana katerangan nu aya dina tulisan Dr. Agus Aris 
Munandar nu eusina ngeunaan panalungtikan situs Sindanbarang jeung 
sabudeureunana. Dina sababaraha naskah Sunda kuno disebutkeun yen Sindangbarang 
disebut Lembur Luhur nu maksudna tempat suci di suku Gunung Salak. Pak Agus oge 
nyebutkeun dina tulisanana, yen tina lobana punden berundak diduga kungsi aya 
kagiatan kaagamaan di Sindangbarang sabudeureun abad 15-16. Ieu tulisan teh 
masih mangrupa penelitian awal nu masih dilanjutkeun. Eta pamanggih teh 
dikuatkeun oge ku kapanggihna menhir, batu dakon, batu yantra, batu pelor, 
jeung batu tapak suku (tapak suku manusa). Ieu ROAD TO HOLY LAND teh sebutan 
sejen tina ”Lalampahan ka tanah suci”. Tanah suci di dieu lain tanah suci
 dina agama Islam, atawa oge Land of Religions di Yerusalem. Lalampahan ka 
tanah suci ieu ngan digunakeun ku si kuring spk dina raraga ngaapresiasi jeung 
wujud katakjuban si kuring spk ka Sindangbarang dina konteksna abad 15-16an.




<embed src="http://images.multiply.com/multiply/horizontal-headshot-badge.swf"; 
type="application/x-
       
---------------------------------
Shape Yahoo! in your own image.  Join our Network Research Panel today!

Kirim email ke