Kang Rachmat, palawargi sadaya, oge kang Oman, Teh Ika,

Aksara Sunda anu didaptarkeun teh parantos katampi salaku Unicode 5.1:
http://babelstone.blogspot.com/2007/06/whats-new-in-unicode-51.html

sareng parantos disayogikeun 'slot'-na sewang-sewangan kanggo unggal hurup,
nyaeta dina 'slot' nomer 1B80 dugi ka 1BBF (64 slot):
Tina nu disayogikeun, slot anu kaanggo nyaeta 55 slot, sesa 9 slot.

Ayeuna rupina tos lebet kana proses standardisasi ISO:
http://unicode.org/pending/pending.html

Saupami aya anu teu satuju kha, fa, sya, qa, za, jste. lebet kana aksara
Sunda, pangemut abdi mah teu sawios-wios.
Cekap nganggo 'slot' hurup anu diperyogikeun wungkul.

Saupami aya hurup anu kirang anu teu acan kalebetkeun, tiasa nyusul
dilebetkeun dina 9 slot sesana.

Proposal awalna aya di dieu:
http://std.dkuug.dk/jtc1/sc2/wg2/docs/n3022.pdfyasana kang Michael
Everson. Teu acan aya parobihan.

Wassalaam,
Dian.


On 4/2/07, MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:


...........

Barang rek didaftarkeun ka Unicode, eta aksara Sunda
teh ditolak, alesanana cenah mah sabab aya kecap anyar
anu teu dikenal dina naskah-naskah Sunda jaman
baheula. Nepi ka ayeuna kumaha jujutanana eta aksara
Sunda anu didaftarkeun ka Unicode. Teu pati jelas.
Bilih wae aya para saderek baraya KUSnet anu tiasa
ngajentrekeun perkawis ieu, atuh langkung sae, supados
beres jujutanana. Teh Ika Mardiah, atanapi kang Oman,
atanpai Ua Sasmita panginten tiasa masihan informasi
langkung paos.

baktos,

mrachmatrawyani


Kirim email ke