Haratislah, tapi kudu ngorong ku peureup! Teu 
meunang ku cingir!

--- In [email protected], "ndoell" 
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Owh..
> sugan teh haratis..
> 
> 
> -dul-
> tukangteuing
> 
> 
> --- In [email protected], kumincir 
<kumincir@> wrote:
> >
> > Ngalengkepan gambaran ti Kang Iim...
> > 
> > Perkawis fasilitas, di Kiara Payung teh aya 
sababaraha area 
> kemping,
> > ageung-alit nu benten pangaos sewana (300 - 900 
rebu per 24 jam). 
> Anapon
> > kanggo acara indor & pamondokan, anu aya teh 
aula (kapasitas 500 
> urang,
> > kalebet korsi 100) pangaos 500 rebu/24 jam. 
Barak anu sadayana 60 
> ranjang
> > soranganeun (single bed) dibagi kana sababaraha 
rohangan, rata2 
> per rohangan
> > 10 ranjang.
> > 
> > Perkawis ieu, nuju ditimbang2, gumantung kana 
rarancang acarana, 
> naha tiasa
> > di luar sagemblengna atanapi aya nu kedah 
nganggo rohangan. Ari 
> ceuk
> > sawangan mah, kacida bakal rame & resepna mun 
acara teh digelar di 
> luar.
> > Gegentos gedong nya mangrupi tenda peleton 
(cenah), anu dina 
> waktosna mondok
> > tiasa oge dianggo mondok, ditambih hiji/dua 
tenda sanesna (atanapi 
> aya nu
> > nyandak tenda nyalira, nya tiasa pisan). Soal 
kamungkinan hujan, 
> saur Pa
> > Ibrahim mah sigana engke teh teu nuju usum 
hujan.
> > 
> > Kanggo anu henteu tiasa nenda, misalna nu 
nyandak kulawargi + 
> murangkalih,
> > aya sababaraha pilihan:
> > - di Kiara Payung: 9 wisma basajan (masing2 1 
kamar). Nu dua caket 
> aula, nu
> > tujuh rada nenggang.
> > - di luar Kiara Payung: hotel2 di Jatinangor, ti 
kelas basajan 
> dugi ka
> > bentang opat (Hotel Puri Khatulistiwa)
> > Pokona mah seueur pilihan, kumaha selera bae. 
Upami memang 
> peryogi, tiasa
> > sakantenan disurvey oge.
> > 
> > Sanaos alit, fisik jalan ti Jatinangor ka Kiara 
Payung sae pisan, 
> tilas
> > persiden muka jambore taun kamari. Anggangna 
kira 5-10 menitan 
> make mobil,
> > mung panginten wengi mah poex. Ieu teh nganggo 
asumsi yen nu 
> nyandak
> > kulawargi mah nyandak tutumpakan pribadi.
> > 
> > Perkawis fasilitas sanesna oge, tangtos 
diemutan, utamina anu 
> patali jeung
> > cai (ceuk pamikir teh, keun bae atuh 
sapoe-sapeuting eta mah teu 
> mandi, da
> > teu unggal minggu! Heuheu...). Oge poto2 lokasi, 
punten pisan 
> kamari teu
> > mendakan 'angle' nu hade nu bisa nembongkeun 
kaayaan Kiara Payung. 
> Ari saur
> > nu salurpey mangkukna mah... te o pe we lah....
> > 
> > Sakitu heula anu kapihatur, hasil gempungan 
salajengna mah mangga 
> urang
> > bandungan bae.
> > 
> > On 6/18/07, kang boim <kujangs@> wrote:
> > >
> > >   oh..muhun kalangkung kang..., punten..
> > > panambih...
> > > kanggo pasilitas anu aya di Bumi Perkemahan 
DR. Mashudi 
> Kiarapayung :
> > > 1. Aula tiasa nampung kl.1000 jalmi (saurna 
mah)
> > > 2. Wisma aya 9 tempat (kanggo nu nyandak 
kulawarga )
> > > 3. Barak nu jumlahna aya 60 kamar (istri 
pameget dipisah)
> > > 4. Masjid + mushola
> > > 5. MCK kawilang seuer oge ( di wisma mah tiap 
wisma aya mck)
> > > 6. Lstrik kaetang ageung daya/wattna
> > > 7. Lapangan Olah raga
> > > 8. 7 tempat kemah aya sababaraha tempat jarak 
ti wisma/aula 
> kaetang caket
> > > (100m - 500 m)
> > >
> >
>


Kirim email ke