Mang J, saena jenengan "rumah makan" teh disundakeun oge nya, da rumah makan 
mah basa Indonesia. Namung naon nya sundana rumah makan? Naha "Warung dahar", 
Saung Dahar", Ranggon Dahar"?. Mangga wae ku saderek/balarea anu neuleuman 
widang eta, ieu mah mung saran wae, supados "minculak" atanapi " tampil beda", 
khas sunda. Mangga ah.

mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:          
Bilih saderek hoyong gureme duruk (gurame bakar), Nasi Tutug Oncom, karedox,
piritan lauk, sareng katuangan Sunda sanesna, mangga cobian rumah makan Man
Jabal. Hehe. 

Parantos dibuka, rumah makan sunda, "Man Jabal" cabang Pasir Koja, jl.
Terusan Pasir Koja no. 151 Bandung. Nu ngurus, kristin, incuna ni Haji Oom.

Cabang sanes, 
a. Terusan pasteur, payuneun BTC (bdg trade center) nu ieu di urus Anak ni
Oom nu ka opat, Elin Herlina, taun kamarina manehna oge carogena di PHK PTDI

b. Jl. Cijagra Buah Batu, nu ngurus, A Nana Sutresna.

Puseur rumah makan sunda Man Jabal
Gunungcupu Cikoneng Ciamis

Katerangan, 
Man Jabal 1, nu A Tedi (putra cikal ni Haji Oom)
Man Jabal 2, nu Ni Haji Oom

---
Man jabal ti dua bahasa cenah, 
man= inggris, jelema, jabal, 
arab=gunung
jadi maksudna rumah makan sunda urang gunung. Nu ngadamelna A Tedi
Naha teu make gunungcupu? Tos aya nu ngangge di tengah sawah antara
gunungcupu sindang kasih, nu gaduhna, cina tasik.
-----------
Ieu mah iklan layanan baraya. Milu reueus aya urang lembur muka usaha bari
jeung motekar, anak incu kerahkeun, bari jeung mere pagawean ka tatangga ku
cara ngajak gawe di rumah makan eta.





         

 
---------------------------------
 Get your own web address.
 Have a HUGE year through Yahoo! Small Business.

Kirim email ke