sanes wafat namina upami raja mah komo ti Sunda...........!!!!!!!!!!!! enya leres kitu aya pewrang bubat......???????asa teu nyari informasina ge jeung kanyataan...ulah kana buku wae atuh jadi sumber teh
----- Original Message ---- From: Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Wednesday, June 13, 2007 7:57:06 AM Subject: Re: [Urang Sunda] sakali deui: UGA WANGSIT SILIWANGI Ngarujuk kana buku seratan aki Herwig, saparantosna Sri Baduga Maharaja (prabu Silihwangi anu pangkakoncarana) wafat dina taun 1521, raja-raja Sunda teh: Surawisesa Jayaprakosa atanapi Mundinglaya (1521 – 1535); Ratu Dewata, sanes turunan Surawisesa (1535 – 1543); Ratu Sakti (1543 – 1551); Nilakendra atanapi Tohaan di Majaya (1551 – 1567), henteu linggih di karaton kumargi kedah perang sareng diudag-udag ku prajurit Banten Raja Mulya atanapi Prabu Surya Kancana (1567 – 1579), raja pamungkas, wafat di Pandeglang. (Red: Kabiasaan masarakat Baduy seren taun ka karaton Banten jigana ngawitan ti taun 1579). Numutkeun pa Ayat Rochaedi, raja-raja eta sadayana turunan sareng gegentos Prabu Wangi (anu gugur dina perang Bubat), sadayanan ku urang Sunda tiasa disebat penerus atanapi silih Prabu Wangi disingket Silihwangi. Ngeunaan uga Silihwangi, ngarujuk kana seratan anu aya dina website kang Tantan, sabagian tina eusi uga Silihwangi sapertos kieu: Ti mimiti poé ieu, Pajajaran leungit ti alam hirup. Leungit dayeuhna, leungit nagarana. Pajajaran moal ninggalkeun tapak, jaba ti ngaran pikeun nu mapay. Sabab bukti anu kari, bakal réa nu malungkir! Tapi engké jaga bakal aya nu nyoba-nyoba, supaya anu laleungit kapanggih deui. Nya bisa, ngan mapayna kudu maké amparan. Tapi anu marapayna loba nu arieu-aing pang pinterna. Mudu arédan heula. Katingalina uga teh didamel waktos puseur dayeuh bade ditinggalkeun ku raja sawadyabalad. Hal ieu disababkeun kumargi puseur dayeuh (Pajajaran) diserang teras ku prajurit Banten. Upami nilik kadinya, upami leres uge Silihwangi teh aya, kamungkinan anu ngedalkeun uga teh salah sahiji ti opat raja pamungkas nyaeta Ratu Dewata, Ratu Sakti, Nilakendra atanapi Prabu Surya Kancana. Hal ieu masih peryogi ditalungtik. tantan hermansah <sariak.layung@ gmail.com> wrote: Punten, bisi kuring can maca. Bade tumaros, 1. Ari Uga wangsit siliwangi nyaah diucapkeun ku Anjeuna? 2. Upami muhun, kinten-kinten taun sabara, tur diucapkeun dina konteks naon? Hatur nuhun baktos tantan Asep Ready for the edge of your seat? Check out tonight's top picks on Yahoo! TV. ____________________________________________________________________________________ Get the free Yahoo! toolbar and rest assured with the added security of spyware protection. http://new.toolbar.yahoo.com/toolbar/features/norton/index.php

