heueuh, bisaan si Jay mah neangan tempat diukna teh, 
  jaba  geulis, biwirna ambucuy , jiga dina gambar no nangkod  ieu meureun-nya.
  

ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
          Jam 6 sore kurang 5 menit, si Jay anjog ka Stasion Kareta. 
Adzan magrib geus liwat titatadi keneh, basa sajajalan 
tumpak ojeg ti terminal ka Stasionkeun. Buru-buru ngodok 
pesakna, sor mere sapuluh rebuan ka tukang Ojeg. 
Bari rada lulumpatan, muru kana loket. 
"Bisnis atow Eksekutip Pak ?" ceuk penjaga loket bari 
gumeulis
"Bisnis ajah", ceuk si Jay bari ngasongkeun 50 rebuan.
Geus nampa karcis, gura-giru si Jay muru Kareta nu geus
rek indit.

Dina jero Gerbong Kareta, si Jay leumpang bari panona 
rurat reret kana luhureun kaca jandela, mapayan nomer 
korsih. Sihoreng pang-tungtungna, nyanghareupan Toilet. 
Gek si Jay diuk, bari seuri leutik ka wanoja anu 
diuk gigireunana. Hmmm....lumayan aya batur ngobrol.

Rada lila pacicing-cicing teh. si Jay sakali-kali
ngalieuk ka eta wanoja, api-api nempo ka luar jandela.
Lumayan geulis, biwirna ambucuy, baseuh. Make kacamata
hideung. Teuing keur gaya, teuing keur nyeri panon.
Da ceuk pipikiran teh, maenya make kaca panon hideung
peuting-peuting. Tapi moal mungkin mun tukang urut mah.
Kitu deui wanoja-na, jigana asa-asa rek ngajak ngobrol
teh. Luak-lieuk bae bari sura-seuri.

Tungtungna mah si Jay ngamimitian nanya.

"Bade ka Jakarta Neng ?"
"Kulan? Muhun rada mendung nya, jigana mah bade hujan"
"Muhun tadi sonten ge tos ceudeum. Ari Neng bade kamana?"
"Duka atuh kang, da tadi mah apan meni ngaheab kitu hawana oge.."
"Sanes, Neng teh bade ka Jakarta ? turun dimana ?"
"Jigana mah kitu kang, tos usumna manawi.."
"Haar..ari Neng cageur ? ditaros kamana, ngawaler kamana..."
"Enya Kang, apan biasana oge kitu, pami mendung pasti
bade hujan, sanes kitu ? tuh geuning langit ge meni hideung"
"Puguh we poek, da tos magrib Neng, matakna eta kaca panon 
hideungna buka atuh.."
"Sanes Kang, abdi mah sanes urang Cijoho. Abdi mah ti Kurucuk
beh pasar kadieukeun.."
"Euuuh...Geulis-geulis teh geuningan bolot"
"Saha nu kolot ? puguh akang nu geus kolot mah"
"Tuh geura, pajarkeun kolot cnah ..."
"Tong kitu atuh kang.... sakieu bahenolna, sakieu eplok cendolna, 
teu katingal ku akang ? meni disebutkeun jiga potlot..."
"Emhhh....ck ck ck...geuning oge aya jelma samodel 
kieu nya ? sugan teh batur wae nu gelo teh..hi hi...
Ke..ke..Neng bade tuang ? tuh aya pramugari-na kadieu.."
"Heh, Tuang ? Bade ! geuning apal mun abdi teu acan tuang teh.."
"Emh, ari kana dahar mah geuning ngadadak cageur 
cepil Neng teh.."
"Tangtos atuh Kang, kaleresan ti enjing teu acan sarapan
ieu teh"
"Sok atuh bade pesen mah. Eh Neng, meungpeung cepilna nuju 
cageur, de naros nu tadi.."
"Naon tea kang ?"
"Enya, Neng teh bade kamana ? ka Jakarta ?"
"Henteu Kang, abdi mah bade ka Semarang"
"Haar, naha atuh naek kareta anu bade ka Jakarta ?"
"Ih nya wios atuh, naha bet akang nu pusing ?"
"Pusing mah henteu, Neng, ngan eta we, asa rada aneh..."
"Aneh kumaha ?"
"Ah, teu kumaha-kumaha sih.."
"Ih, puguh akang nu aneh mah"
"Abdi ? "
"Muhun"
"Aneh kumaha ?"
"Ah, teu kumaha-kumaha.."
"Tuh geura.."
"Atuda akangna..."
"Eh Neng, ari nami Neng teh saha ?"
"Naon kang ?"
"Nami..."
"Naon ?"
"Namiiiii !"
"Owh, tong tarik-tarik teuing atuh nyariosna da abdi 
ge teu torek.."
"Nya punten atuh, sugan teh teu kadangu. 
Jadi saha atuh nami Neng teh ?"
"Naon tea kang ?"
"Ih ari Neng, Namiiii Neng, Namiiii !"
"Duka atuh Kang, anu dina bagasi mah duka Panci saha, da abdi 
mah teu babantunan panci.."
"Emh..Gusti, mugia Gusti masihan kasobaran ka abdi.."
"Eh, Kang titatadi urang ngobrol, tapi teu acan nepangkeun"
"Puguh titatadi pan naroskeun nami Neng teh.."
"Nepangkeun, abdi Eli. Pami akang saha ?"
"Jay.."
"Saha kang ?"
"Jay !"
"Joko ?"
"Jaaaaay Neng !"
"Owh, Supardi.."
"Naaa atuh jauh-jauh teuing..sanes Supardi Neng, nami abdi Jay !"
"Nu leres atuh Kang, meni alim ngawartosan nami wae teh.."
"Nami abdi JAY, Je-A-Ye... Jay !"
"owh, Rusmini ? Naha geuning namina jiga nami istri ?"
"Teuing ah, kumaha Neng we lah..."
"Euh, meni bendu kitu, keun wae atuh namina Rusmini oge.."
"Teuing ah.."

heu heu heu

-dul-
tukangteuing



         

       
---------------------------------
Building a website is a piece of cake. 
Yahoo! Small Business gives you all the tools to get online.

<<inline: batur ngobrol si Jay.JPG>>

Kirim email ke