Hatur nuhun kanu parantos nyobian. Kanu teu acan tong asa-asa. 

Mung nyaeta, pausahaan 'kampung' model kitu mah teu acan dugi ka sistem nu
modern atawa canggih. Boh manajemen rumah makan, layout dapur jeung desain
interiorna. Manawi kapayun tiasa dironjatkeun sagala rupina. Da ari kanggo
rumah makan mah parabotna oge benten jeung paranti di bumi, jsb. 

Perkawis nami rumah makan, eta sipatna bahasa baku, siga rumah sakit, teu
tiasa atawa hese mun ditarjamhkeun ka basa sunda, sanajan basa indonesiana
oge saleresna mah kurang gaya. Rumah sakit=rumah geuring atawa rumah udur.
Beda ti b. inggris nu hospital. Hospital oge butut, deukeut ka hos-paeh.
Heuheu

mj
Geocities.com/mangjamal

Kirim email ke