Owh kutan ? Sihoreng teh kitu nya ? ari ceu Iva, basa ngadangu soal eta, nuju lapar atawa nuju wareg ?
hi hi -Jay- eh..Dul ketang --- In [email protected], "mojang_akank" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > heuheuheu..... > > Kang jay, ieu mah pernah ngadangu...duka leres duka henteu mun ceuk > dunia kasehatan atawa kadokteran mah. Ieu mah wargi abi cenahna mah > mun lapar/can diisi katuangan, ceulina teh sok ngadadak torek. Tapi > mun tos tuang trus wareg torekna teh jadi cageur. Kitu cenah. > Padahal nu ku abi karaos mah, mun lapar nu torek teh patuangan. > Ke ah seuri deui.......heuheuheu > > > Neng Iva > > > --- In [email protected], "ndoell" <ndoell@> wrote: > > > > Jam 6 sore kurang 5 menit, si Jay anjog ka Stasion Kareta. > > Adzan magrib geus liwat titatadi keneh, basa sajajalan > > tumpak ojeg ti terminal ka Stasionkeun. Buru-buru ngodok > > pesakna, sor mere sapuluh rebuan ka tukang Ojeg. > > Bari rada lulumpatan, muru kana loket. > > "Bisnis atow Eksekutip Pak ?" ceuk penjaga loket bari > > gumeulis > > "Bisnis ajah", ceuk si Jay bari ngasongkeun 50 rebuan. > > Geus nampa karcis, gura-giru si Jay muru Kareta nu geus > > rek indit. > > > > Dina jero Gerbong Kareta, si Jay leumpang bari panona > > rurat reret kana luhureun kaca jandela, mapayan nomer > > korsih. Sihoreng pang-tungtungna, nyanghareupan Toilet. > > Gek si Jay diuk, bari seuri leutik ka wanoja anu > > diuk gigireunana. Hmmm....lumayan aya batur ngobrol. > > > > Rada lila pacicing-cicing teh. si Jay sakali-kali > > ngalieuk ka eta wanoja, api-api nempo ka luar jandela. > > Lumayan geulis, biwirna ambucuy, baseuh. Make kacamata > > hideung. Teuing keur gaya, teuing keur nyeri panon. > > Da ceuk pipikiran teh, maenya make kaca panon hideung > > peuting-peuting. Tapi moal mungkin mun tukang urut mah. > > Kitu deui wanoja-na, jigana asa-asa rek ngajak ngobrol > > teh. Luak-lieuk bae bari sura-seuri. > > > > Tungtungna mah si Jay ngamimitian nanya. > > > > "Bade ka Jakarta Neng ?" > > "Kulan? Muhun rada mendung nya, jigana mah bade hujan" > > "Muhun tadi sonten ge tos ceudeum. Ari Neng bade kamana?" > > "Duka atuh kang, da tadi mah apan meni ngaheab kitu hawana oge.." > > "Sanes, Neng teh bade ka Jakarta ? turun dimana ?" > > "Jigana mah kitu kang, tos usumna manawi.." > > "Haar..ari Neng cageur ? ditaros kamana, ngawaler kamana..." > > "Enya Kang, apan biasana oge kitu, pami mendung pasti > > bade hujan, sanes kitu ? tuh geuning langit ge meni hideung" > > "Puguh we poek, da tos magrib Neng, matakna eta kaca panon > > hideungna buka atuh.." > > "Sanes Kang, abdi mah sanes urang Cijoho. Abdi mah ti Kurucuk > > beh pasar kadieukeun.." > > "Euuuh...Geulis-geulis teh geuningan bolot" > > "Saha nu kolot ? puguh akang nu geus kolot mah" > > "Tuh geura, pajarkeun kolot cnah ..." > > "Tong kitu atuh kang.... sakieu bahenolna, sakieu eplok cendolna, > > teu katingal ku akang ? meni disebutkeun jiga potlot..." > > "Emhhh....ck ck ck...geuning oge aya jelma samodel > > kieu nya ? sugan teh batur wae nu gelo teh..hi hi... > > Ke..ke..Neng bade tuang ? tuh aya pramugari-na kadieu.." > > "Heh, Tuang ? Bade ! geuning apal mun abdi teu acan tuang teh.." > > "Emh, ari kana dahar mah geuning ngadadak cageur > > cepil Neng teh.." > > "Tangtos atuh Kang, kaleresan ti enjing teu acan sarapan > > ieu teh" > > "Sok atuh bade pesen mah. Eh Neng, meungpeung cepilna nuju > > cageur, de naros nu tadi.." > > "Naon tea kang ?" > > "Enya, Neng teh bade kamana ? ka Jakarta ?" > > "Henteu Kang, abdi mah bade ka Semarang" > > "Haar, naha atuh naek kareta anu bade ka Jakarta ?" > > "Ih nya wios atuh, naha bet akang nu pusing ?" > > "Pusing mah henteu, Neng, ngan eta we, asa rada aneh..." > > "Aneh kumaha ?" > > "Ah, teu kumaha-kumaha sih.." > > "Ih, puguh akang nu aneh mah" > > "Abdi ? " > > "Muhun" > > "Aneh kumaha ?" > > "Ah, teu kumaha-kumaha.." > > "Tuh geura.." > > "Atuda akangna..." > > "Eh Neng, ari nami Neng teh saha ?" > > "Naon kang ?" > > "Nami..." > > "Naon ?" > > "Namiiiii !" > > "Owh, tong tarik-tarik teuing atuh nyariosna da abdi > > ge teu torek.." > > "Nya punten atuh, sugan teh teu kadangu. > > Jadi saha atuh nami Neng teh ?" > > "Naon tea kang ?" > > "Ih ari Neng, Namiiii Neng, Namiiii !" > > "Duka atuh Kang, anu dina bagasi mah duka Panci saha, da abdi > > mah teu babantunan panci.." > > "Emh..Gusti, mugia Gusti masihan kasobaran ka abdi.." > > "Eh, Kang titatadi urang ngobrol, tapi teu acan nepangkeun" > > "Puguh titatadi pan naroskeun nami Neng teh.." > > "Nepangkeun, abdi Eli. Pami akang saha ?" > > "Jay.." > > "Saha kang ?" > > "Jay !" > > "Joko ?" > > "Jaaaaay Neng !" > > "Owh, Supardi.." > > "Naaa atuh jauh-jauh teuing..sanes Supardi Neng, nami abdi Jay !" > > "Nu leres atuh Kang, meni alim ngawartosan nami wae teh.." > > "Nami abdi JAY, Je-A-Ye... Jay !" > > "owh, Rusmini ? Naha geuning namina jiga nami istri ?" > > "Teuing ah, kumaha Neng we lah..." > > "Euh, meni bendu kitu, keun wae atuh namina Rusmini oge.." > > "Teuing ah.." > > > > heu heu heu > > > > > > -dul- > > tukangteuing > > >

