Kang, ngeunaan Wikipedia, ngarumasakeun bae da harita teh teu modal nanaon, estuning monek (modal nekad) bae: hayang nyajajarkeun basa Sunda jeung basa sejenna di sakuliah dunya. Dina kamekaranana, tangtu jadina teh loba kakurang. Ku kituna, wadya balad nu geus aya di Wikipedia teu weleh nganti2 manusa Sunda lianna nu haat ngilu mulasara & ngembangkeun basa Sunda. Nya, di antarana, dina wadah Wikipedia, sanggeus hoghag paadu regeng silih adu alesan ngeunaan gaganti istilah2 ti luar teh, langsung dilarapkeun, dibiasakeun dipake.
On 6/21/07, A Gunawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Alah deui wae....bener oge naon nu disebut basa teknis teh....cobi we tingali parentah-parentah WIKIPEDIA Basa Sunda,,, matak lieur macana (naha memang can biasa).

