maca perkara "gelutna" Ridwan Saidi Jeung Ayip Rosidi
dina salah sahiji koran sababaraha taun katukang,
kuring mah teu pati simpati ka Ridwan Saidi. Ti harita
naon anu diomongkeun ku ieu jalma, tara dipalire,
muatan emosionalna leuwih kuat batan ilmiahna. Kaasup
ngejejeleh "pentolan" grup band Dewa Ahmad Dani anu
dituduh Zionis.
Pan kuduna umur beuki kolot teh beuki wijaksana jeung
welas asih. mangsa jaman ngorana jiga aya nu "teu
beres". Di klangan barudak ngora nonoman Betawi oge,
pamikiran Ridwan Saidi teu pati dipalire.

baktos,

mrachmatrawyani

--- waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Ridwan Saidi, memang jalmi kontroversial, keukeuh
> peuteukeuh yen aya 
> etnik nu aranna Betawi. Padahal kecap Batawi wae
> tadina tina 
> Batavia, kecap jijieunan urang Walanda. ARi ceuk
> logika mah, padumuk 
> asli samemeh Walanda (oge Fatahilah) 'ngimpor"
> jelema timana-mana, 
> meureun etnik Sunda. Buktina loba aran tempat/
> walungan di Jakarta 
> make awalan "Ci" .....
> 
> Abad ka 15-17 sabenerna "abad poek" keur Pulo Jawa.
> Loba peperangan 
> antara karajaan-karajaan di Pulo Jawa. Cenah mah ieu
> teh dimimitian 
> ku "lemah"na Majapahit. Daerah2 kakawasaan Majapahit
> laleupasan. 
> Ditambah deui ku datang ageman anyar (Islam) nu
> terus dituturkeun ku 
> daratangna urang Bule. Baheula aya buku kenging Prof
> Slamet Mulyana 
> (Guru Besar Sajarah UI) soal "robahna jaman" di
> jaman harita, tapi 
> buku ieu dilarang medal ku pamarentah, sabab cenah
> ngaguar fakta nu  
> sensitif pisan keur urang Indonesia.
> 
> Sigana nu kaalaman ku Majapahit, oge kaalaman ku
> Pajajaran. 
> Pajajaran nagara nu teu dikawasa ku Majapahit,
> akhirna runtag oge, 
> teu bisa nahan tina "robahna jaman". Salah sahiji
> faktor runtagna 
> Pajajaran, nya ku muragna Sunda Kalapa ka Fatahillah
> (Demak). Sabab 
> akibat Sunda Kalapa dikawasa batur, otomatis Pakuan
> jadi kaasingkeun 
> di kajeroan (Pedalaman), pegat hubungan jeung dunya
> luar ...
> 
> Jadi 22 Juni taun ...., teh meureun awal Pajajaran
> arek runtag???
> 
> Baktos,
> 
> WALUYA
> 
>   
> 
>


       
____________________________________________________________________________________
Choose the right car based on your needs.  Check out Yahoo! Autos new Car 
Finder tool.
http://autos.yahoo.com/carfinder/

Kirim email ke